Kang Waluya, kuring ngasaan kuliah widang ekonomi di usa nyabit2 agama kristen dina "kakuasaaSa", dimana aya gareja eta tos ngabadega kontrol ka masyarakat, nepi ka ngieun sakola. Kitu oge islam ngieun masjid terus ngieun madrasah. Tah eta kabeh cikal bakal "kakuasaan", lumpat ka nilai ekonomi di eta wadah nu keur wadah nyembah alloh jeung jesus, anggota berbisnis dilingkungan eta paguyuban nu wadahna mesjid jueng gareja. Makin. loba gedong- gedong keur pamujaan makin gede kakuasaan eta pemuja kaum bisnis.
Di USA garaje unggal sudut jalan aya; kadang2 sapanjang jalan aya 5 gareja, kitu oge masjid tuturut munding silih saingan. Ku uing nanya naha tempat nyembah tuhan mani pa dempet di jalan nu startegis, apan eta kelompok bisnis ameh teu keuna pajak ku pamarentah (sukuler). Di ditu tempat2 nyembah tuhan arek hindu-buda-yahudi-kristen-katholik erek inka-maya ngabadega di lokasi nu strategis pabalatak nu sok disebut "non profite " supaya teu di pajak usahana da di jero tempat nyembah tuhan.NA. Hiji conto kelompok kaum bisnis di wadahan ka agamaan ngarana "Free Maison" paling beunghar dina babanda2 sa dunya nu nyebar ka muterna dunya dimana aya taneuh oge laut jadi santapan bisnis, timimiti bank nepi kontroksi bangunan. Kitu oge nu sejenna make code2 khusus kelompok bisnis di tamengan ku agama.Ieu nu mangrupa kakawasaan nu teu nyirikeun dina cara fisik penjajahan ka manusa nu lemah beladirina makana dikuasaan taneuhna ku bangsa2 nu mawa tameng / kedok agama padahal dagang or bisnis. ky ________________________________ From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, November 26, 2008 9:26:50 PM Subject: Re: Bls: [kisunda] diskusi islam jeung urang > 2008/11/24 Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED] .or.id>: > Lamun sakabeh ajaran teh alus (& bener meureunan), naha atuh nya bet nepi > ka > aya jalma anu gunta-ganti atawa pindah ageman? Padahal pan sami wae... Wah Kang Kumi mah, seueur nu nyebat pamajikan mah dimana-mana ge sarua wae, cerewed, tapi angger we aya nu ganti pamajikan, malah aya nu nambah ....hehehe. Ageman, tapi ieu ceuk pamahaman kuring, lir ibarat kabeuki atawa karesep (selera) nu gumantung ka lingkungan urang hirup. Dahar spaghageti jeung dahar kejo, pan ari ceuk rasio (akal) mah sarua wae, asupan karbohidrat, tapi angger we kuring mah teu beuki tah mie itali teh, mending kejo, kakara karasa beuteung wareg ....hehehehe. Kulantaran sifatna siga "selera", nya nyababkeun beda-beda, sabab dimana aya "selera" saragam kabeh. "Selera" teu bisa dileungitkeun atawa ditumpurkeun. Geus ratusan taun, atawa malah aya nu geus leuwih ti 1000 taun, aya usaha numpurkeun hiji "selera" : Urang Katholik hayang numpurkeun urang Protestan kitu oge sabalikna, Urang Kristen hayang numpurkeun Islam kitu oge sabalikna, Urang Sunni hayang numpurkeun urang Syiah kitu oge sabalikna. Hasilna? Tepi ka ayeuna oge araya keneh ........ Baktos, WALUYA
