Ngiringan usul ka baraya sadayana.
Resep kuring mah ngaos ieu milis the, aya nyerat politik, agama jeug nu sanesna. Usul kuring mah kumaha mun dina masalah agama urang bahas masalah tauhid na bae? Diantara sakabeh agama- agama nu aya intina mah tauhidna lain? Boh eta budha, hindu, nasrani, ahmadiah, Muhammadiyah, yahudi atanapi agama sunda nu penting mah tauhidna. Rada sesah upami memperdebatkeun symbol-simbol atanapi ritual-ritual wungkul mah, lantaran benten - benten. Di ajar agama Islam oge hese jeung pabeulit, padahal kakarah 1400 taunan (ukuran peradaban manusia mah saeutik), aya anu kieu tea, aya anu kitu tea, komo diajar agama sunda mah anu atos puluhan rebu taun, agama sundana anu mana anu diagem ku Siliwangi anu pituin atanapi ku Purnawarman anu semah tea? Pan jadi hese lain. Tapi kabeh ge sajajar ceuk uing mah. Kumaha tah usulna baraya sadayana? Toh heula. T A J I M A L E L A _____
