Sampurasun kang Dudi, Simkuring nembe tiasa mukaan deui ieu milist nembe wangsul ti Bukittinggi saminggu, enjing bade hiber deui ka Manokwari, aya waktos sakedik bade ngiring mairan dina perkara ieu. Sakaterang simkring upami di ajaran sunda mah, teu manoh kana sawarga sapertos nu digambarkeun dina agama-agama samawi. Tah dina perkara angeusna ngalalakon di dunya teh sanes ka sawarga nu dipiharep teh, tapi tujuannana teh "mulih ka jati, mulang ka asal", saripati haneut nu asal ti seuneu/panonpoe kudu balik deui ka seuneu/panonpoe, saripati hiliwir nu asal ti angin/udara kudu balik deui ka angin/udara, saripati tiis kudu balik deui ka cai, saripati tetep nu asal ti bumi kudu balik deui ka bumi, pangawasa nu asal ti Gusti kudu balik deui ka pangawasa Gusti, pon kitu deui nu asal ti Gusti tangtu hayang balik deui ka Gustina. Tah dina raraga mulihkeun ka jatina mulangkeun ka asalna sanggeus urang ngumbara di dunya teh, tangtu gumantung kana pepelakan urang sewang-sewangan (ucap-tekad-lampah/sabda-hedap-bayu). Supaya rada jelas geura urang gambarkeun lalakon hirup manusa mun diibaratkeun lalakon cai (sok sanajan teu persis sarua) aya gunana pikeun lenyepaneun. Sakabeh cai asalna ti Lautan, gubragna ka bumi kersaning nu Maha Kawasa ngaliwatan hujan, aya nu digubragkeun di gunung, di pasir, di leuweung, di kota, di talaga, nya terus nyerep kana taneuh, tapi geuning kaluar deui ngaliwatan mata cai atawa ngaliwatan sumur. Tah dina raraga mulang deui ka asalna di lautan teh, eta cai babakti heula ka manusa, ka sasatoan, ka tatangkalan, nu ahirna pada ngalir ka wahangan terus ka walungan hayang balik deui ka lautan. Tah ku urang bisa ka saksi eta kaayaan cai di walungan mawa kokotor (rereged dunya mun keur manusa tea mah), bersih kotorna eta cai gumantung kana naon nu geus dilakonan/kalampahan ku cai dipake ngumbah motor nya mawa kokotor motor, dipake ngabersihan pakean mawa kokotor pakean jsb. Tah dina balikna deui ka lautan teh di muara geuning diproses heula (dibantingkeun jeung dibulak-balik ku ombak) sangkan eta kokotor "mengendap" (punten basa sundana naon nya?) runtah-runtah nu kabawa nu lain asal ti lautan teu ditarima, nya ku ombak disered deui ka daratan, tah geus herang karek ngahiji (manunggal deui jeung lautan), tah tujuanna manunggal deui, lain di sisi lautan, da di sisina mah geuning teu herang. Dina perkara budak paeh orok keneh, mun tea mah sawarga diibaratekun lautan, nya gambaranna mah jiga cai hujan nu turun di lautan ceuk simkuring mah, geus ngaliwatan jadi "uap", terus dikandung ku udara jadi awan, nya dina sasihna dijurukeun jadi cai ngaliwatan hujan, ngam memeh ngalalakon di dunya geus baik deui ka asalna. Kitu tah kang, bawiraos simkuring mah, nya ieu mah teu aya dalilna, katampi nya nuhun, teu katampi nya mangga. Cag. pun tabe pun. Engkus.
--- Pada Sen, 1/12/08, ua duq <[EMAIL PROTECTED]> menulis: Dari: ua duq <[EMAIL PROTECTED]> Topik: Re: [kisunda] perdebatan teologis Kepada: [email protected] Tanggal: Senin, 1 Desember, 2008, 3:10 PM Mempertanyakan keadilan tuhan: kuring kamari manggih patarosan model kieu: "naha jalma nu paeh keur orok make asup surga?" lamun ngacu kana anggapan yen kaadilan pangeran teh: 'nu melak cabe panen cabe, melak bonteng panen bonteng'... asupna jalma-nu-paeh- keur-orok ka sawarga kudu dipertanyakeun, cek nu nanya eta. sabab maranehna mah teu kungsi melak cabe teu kungsi melak bonteng On Mon, Dec 1, 2008 at 1:18 AM, Rudy <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: Kang Abas, Kang Abas, nu goreng nu hade nu sarakah….di dunya tos pasti di adili, didinya "kaadilan Gusti" ceuk urang sunda mah atawa "Keadilan Tuhan" ceuk bahasa Indonesia teu kedah ngantosan maot, sok tingal ku kanga Abas…numelak cabe jadi cabe…di dunia keneh…"matakna gusti the kumaha ceuk urang na, urang kumaha ceuk gustina" Buat sendiri desain eksklusif Messenger Pingbox Anda sekarang! Membuat tempat chat pribadi di blog Anda sekarang sangatlah mudah. http://id.messenger.yahoo.com/pingbox/
