ngiringan bah,...

dina babad surga naraka, ampir dianggo di ageman mana wae,
sabab eta cara nu efektif kanggo mere tujuan tina lalampahan umatna.
aya 'goals' = aya jalan.
mung nu sanes hakekat biasana ngajadikeun eta sorga janten mung
sakadar reward nu deet. pahala diitung ciga make kalkulator.
nu parahna, standarisasi jelema nu iman, di tangtukeun ku standar
dunia, alias standar jelema pribadi atanapi hiji kelompok.

ditambih deui hiji kelompok mere penilaian ka ageman nu sanes, ...atuh
pabaliut katangtuan.
nu ahirna, pami diadu-adu,... gampang pisan paketrokna.
saha nu seuri? nu ngajual senjata... hahaha.

perkawis surga dunia, sapertosnamah, eta teh jebakan ,panginten nya
bah,... katingalna raos, tapi mun di tilik2, seueur pisan pengorbanan
,utamina korban kayakinan.

reueus ngadangu lalampahan kang engkus nu kukurilingan sa-nusantara,
sapertosna mah nuju nga data aura ieu nagara ,kang...
kumaha tah ie prospek nusantara teh kang,... masih tiasa disalametkeun?
nguliatna mah tos katingali,karasa,... tapi geus nguliat, terus ka cai
... siap2 gawe, atanapi kalahkah sare deui?
cik kang, nyungkeun di guar titimuanana.

rampes

=roche= 
 

--- In [email protected], Abbas Amin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> AA: Kang Engkus, saleresna upami dijeroan eta cariosan kang Engkus,
nya ampir
> sami oge sareng pandangan samawi sorga naraka tea. Masalahna , rada hese
> ngajelaskeunana upami cara model Kang Engkus tah, da teu sadaya
jalmi gampang mencerna sagala kecap2 urang. Esensina mah sigana
sarupi. Serupa tapi tak sama tea 
> panginten. Supaya gampang, meureun tidituna mah, agama samawi
ngajelaskeun ku
> sorga jeung naraka; maksadna mah meureun supaya manusa ngajaga
kalakuanana.
>  
> Tapi nyatana mah, loba nu teu hasilna, ti batan hasil. Cenah cek nu
make logika, sawarga mah di dunya; lain di akherat. Tah rebut eta
sorga di dunya teh , kumaha we carana !
> Nu matak mucunghul we para koruptor sste. Naon sababna? Sabab Agama
gagal ngamotivasi kahadean ka HATE manusa.
>  
> Sanyatana lain sawarga atawa narakana nu penting mah, tapi kumaha
CARANA supaya 
> KALAKUAN manusa balener, ulah ngarugikeun batur. Esensina/intina mah
eta.
>  
> Masalah sawarga naraka mah, sanes mung ukur SAMAWI wungkul. Hindu
India oge
> percayaeun ka na eta teh. Pan na Mahabharatta oge dina BAB Pandawa SEDA
> dicaritakeun. Budha mah henteu panginten. Tah Budha teh sigana ampir
sanada
> sareng cariosan kang Engkus nu ieu,
>  
> Salam,
> Abbas Amin
> 
> --- On Sat, 12/6/08, engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> From: engkus ruswana <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: Re: [kisunda] perdebatan teologis
> To: [email protected]
> Date: Saturday, December 6, 2008, 7:21 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Sampurasun kang Dudi,
> Simkuring nembe tiasa mukaan deui ieu milist nembe wangsul ti
Bukittinggi saminggu, enjing bade hiber deui ka Manokwari, aya waktos
sakedik bade ngiring mairan dina  perkara ieu.
>  
> Sakaterang simkring upami di ajaran sunda mah, teu manoh kana
sawarga sapertos nu digambarkeun dina agama-agama samawi. Tah dina
perkara angeusna ngalalakon di dunya teh sanes ka sawarga nu dipiharep
teh, tapi tujuannana teh "mulih ka jati, mulang ka asal", saripati
haneut nu asal ti seuneu/panonpoe kudu balik deui ka seuneu/panonpoe,
saripati hiliwir nu asal ti angin/udara kudu balik deui ka
angin/udara, saripati tiis kudu balik deui ka cai, saripati tetep nu
asal ti bumi kudu balik deui ka bumi, pangawasa nu asal ti Gusti kudu
balik deui ka pangawasa Gusti, pon kitu deui nu asal ti Gusti tangtu
hayang balik deui ka Gustina. Tah dina raraga mulihkeun ka jatina
mulangkeun ka asalna sanggeus urang ngumbara di dunya teh, tangtu
gumantung kana pepelakan urang sewang-sewangan (ucap-tekad-
lampah/sabda- hedap-bayu) .
>  
> Supaya rada jelas geura urang gambarkeun lalakon hirup manusa mun
diibaratkeun lalakon cai (sok sanajan teu persis sarua) aya gunana
pikeun lenyepaneun. Sakabeh cai asalna ti Lautan, gubragna ka
bumi kersaning nu Maha Kawasa ngaliwatan hujan, aya nu digubragkeun di
gunung, di pasir, di leuweung, di kota, di talaga, nya terus nyerep
kana taneuh, tapi geuning kaluar deui ngaliwatan mata cai atawa
ngaliwatan sumur. Tah dina raraga mulang deui ka asalna di lautan teh,
eta cai babakti heula ka manusa, ka sasatoan, ka tatangkalan, nu
ahirna pada ngalir ka wahangan terus ka walungan hayang balik deui ka
lautan. Tah ku urang bisa ka saksi eta kaayaan cai di walungan mawa
kokotor (rereged dunya mun keur manusa tea mah), bersih kotorna eta
cai gumantung kana naon nu geus dilakonan/kalampaha n ku cai dipake
ngumbah motor nya mawa kokotor motor, dipake ngabersihan pakean mawa
kokotor pakean jsb. Tah dina balikna deui ka lautan teh di muara
geuning diproses
>  heula (dibantingkeun jeung dibulak-balik ku ombak) sangkan eta
kokotor "mengendap" (punten basa sundana naon nya?) runtah-runtah nu
kabawa nu lain asal ti lautan teu ditarima, nya ku ombak disered deui
ka daratan, tah geus herang karek ngahiji (manunggal deui jeung
lautan), tah tujuanna manunggal deui, lain di sisi lautan, da di
sisina mah geuning teu herang.
>  
> Dina perkara budak paeh orok keneh, mun tea mah sawarga diibaratekun
lautan, nya gambaranna mah jiga cai hujan nu turun di lautan ceuk
simkuring mah, geus ngaliwatan jadi "uap", terus dikandung ku udara
jadi awan, nya dina sasihna dijurukeun jadi cai ngaliwatan hujan, ngam
memeh ngalalakon di dunya geus baik deui ka asalna.
>  
> Kitu tah kang, bawiraos simkuring mah, nya ieu mah teu aya dalilna,
katampi nya nuhun, teu katampi nya mangga.
>  
> Cag.
> pun tabe pun.
>  
> Engkus.
>  
>  
> 
> --- Pada Sen, 1/12/08, ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com> menulis:
> 
> Dari: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com>
> Topik: Re: [kisunda] perdebatan teologis
> Kepada: [EMAIL PROTECTED] .com
> Tanggal: Senin, 1 Desember, 2008, 3:10 PM
> 
> 
> 
> 
> Mempertanyakan keadilan tuhan:
> kuring kamari manggih patarosan model kieu: "naha jalma nu paeh keur
orok make asup surga?" lamun ngacu kana anggapan yen kaadilan pangeran
teh: 'nu melak cabe panen cabe, melak bonteng panen bonteng'... asupna
jalma-nu-paeh- keur-orok ka sawarga kudu dipertanyakeun, cek nu nanya
eta. sabab maranehna mah teu kungsi melak cabe teu kungsi melak bonteng
> 
> 
> On Mon, Dec 1, 2008 at 1:18 AM, Rudy <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Kang Abas,
>  
> Kang Abas, nu goreng nu hade nu sarakah….di dunya tos pasti di
adili, didinya "kaadilan Gusti" ceuk urang sunda mah atawa "Keadilan
Tuhan" ceuk bahasa Indonesia teu kedah ngantosan maot,
> sok tingal ku kanga Abas…numelak cabe jadi cabe…di dunia
keneh…"matakna gusti the kumaha ceuk urang na, urang kumaha ceuk gustina"
>  
> 
> 
> 
> Berbagi foto Flickr dengan teman di dalam Messenger.
> Jelajahi Yahoo! Messenger yang serba baru sekarang!
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke