PLUTO = tiis = poek

--- On Thu, 4/12/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
To: [email protected]
Received: Thursday, 4 December, 2008, 5:41 AM









Upami teu lepat, kecap Sunda dianggo oge kanggo ngaran hiji wewengkon hiji 
planet di tata surya. Hilap deui planet naon nya? Mars, kitu?
 







From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
To: [EMAIL PROTECTED] .com
Sent: Thursday, December 4, 2008 12:03:32 PM
Subject: Re: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)



Kang Kumi oge baraya sadaya,

Kang Hidayat Suryalaga (abah Surya), dina buku "Kasundaan Rawayan
Jati" parantos ngempelkeun harti-harti kecap Sunda anu dicandak tina
sababaraha basa numutkeun kamus, diantarana tina kamus/Basa
Sansekerta, kamus/Basa Kawi, kamus/Basa Sunda, kamus/Basa Jawa,
kamus/basa Kawi-Perancis, basa/kamus Arab, jeung dumasar kajian
geografis/geologis. Anjeunna (abah Surya) nyutat eta harti-harti kecap
Sunda teh tina karya tulis Drs. Mamun Atmamihardja anu judulna
"Sejarah Sunda I", wedalan penerbit Ganaco N.V, taun 1958.

Dumasar tina karya pangersa R. Mamun Atmadihardja di luhur anu dipedar
sareng dieuyeuban ku Abah Surya sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan
Jati", teu kurang ti 30 harti atawa maksud kecap "SUNDA". Nyaeta
kalawan singget jeung anu diteundeung dina jero kurung panungtung
ngarupakeun panujulanana atawa asal basa/kamus anu ngamuat kecap Sunda
: "Sunda" teh hartina (make basa Indonesia wae, nomor nerus):

- 1. bercahaya, 2. dewa Wisnu-pemilik 1000 nama, 3. satria raksasa, 4.
satria wanara, 5. putih, 6. sebuah gunung besar di masa lampau (kamus
bhs Sansekerta; Monier Williams, S. Sorensen, Gonda)

- 7. air, 8. tumpukan, 9. pangkat, 10. waspada (kamus bhs Kawi; C.F.
Winter, Sr.; J.E.C. Gericke en T. Roorda; H.N van der Tuuk 1894)

- 11. tersusun, 12. merangkap/menyatu, 13. angka dua dlm perhitungan
candrasangkala/ suryasangkala, 14. naik, 15. terbang (kamus bhs Jawa,
"A Dictionary of The Sunda Language of Java, Jonathan Rigg)

- 16. tempat menyimpan padi atau lumbung, 17. bagus/indah, 18. unggul,
19. senang, 20. puas hati, 21. setuju/sesuai keinginan, 22. laki-laki
yang tampan, 23. perempuan yang cantik, 24. dewa Kamajaya, 25.
indah/molek (kamus/bhs Sunda)

- 26. sangat indah dan subur (kamus bhs Kawi-Perancis, informasi dari
Dr. Viviane Sukanda Tessier, dalam diskusi kebudayaan di Lembang, taun
1990

- 27. wilayah yang bergunung-gunung, 28. wilayah tempat orang kembali
lagi (dari penafsiran oleh HR Hidayat Suryalaga terhadap susunan kata
"Sunda" dalam bhs Arab)

- 29. nama untuk wilayah barat-laut dari India Timur yang dikelilingi
Gunung Sunda (Circum Sunda Mountain System) sepanjang 7.000 km, mulai
dari kepulauan Filipina, Formosa sampai lembah Brahmaputera di India;
30. dalam "Sunda Besar" atau "The Groote Sunda Islands" adalah
himpunan pulau-pulau besar di wilayah Indonesia, yaitu: Sumatera,
Jawa, Madura dan Kalimantan; 31. dalam "Sunda Kecil" atau "The
Lesser/The Kleine Sunda Islands" meliputi Bali, Nusatenggara atau NTT
dan NTB dan Timor (geolog kaliber dunia R.W van Bemmelen, 1949).

Tah kitu geuning harti kecap "Sunda" teh. Katingal, geuningan anu
ngahartikeun/ nyurahan kecap Sunda teh lain pituin urang Sunda wae
(komo agamana/agemanana mah, moal disabit-sabit ah da lain keur
ngobrolkeun agama/ageman :) ).

Kusakitu jembarna harti kecap "Sunda", abah Surya kungsi ngusulkeun
sangkan udagan/maksud eta kecap teh jadi program Pamarentah (provinsi,
tangtu wae) Jawa Barat/Tatar Sunda. Nya meureun lamun ku basa ayeuna
mah jadi sarupa Visi-Misi jeung umbul-umbul keur eusining Rencana
Strategis sejenna di Tatar Sunda/Jawa Barat.

Wilujeng.

Panambah: Buku "Rawayan Jati Kasundaan" karya H.R. Hidayat Suryalaga,
2003, diterbitkeun ku PT. Wahana Raksa Sunda (WRS), Bandung, anu
gaduh/host-na website sundanet (aneu ayeuna keur rada lungse) jeung
milist kisunda tea. Catetan: sim kuring sanes padamel di PT WRS, teu
aya kakaitanana, kajaba sakumaha aktivitas nu sejen di milist.

Cag,
manar

On Wed, Dec 3, 2008 at 4:54 PM, richadiana kartakusuma
<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> pangemut pangdeudeul ti abdi manawi aya bahan katampi
> kecap Sunda teh arang pisan referensina. .. LBSS (penerbit Tarate - Bandung
> 1984) ge teu patos lengkap....
>
> anu jelas mah kdah milari karangan2 baheula (hanjakal nu abdi palid ku
> banjir 3 kali)
> ngan aya keeh dina emutan rehna Sunda teh tina Suddha hartosna sampurna -
> herang
> ngagenclang - putih - bersih - cemerlang - gemerlap
>
> ku kabiasaan letah urang Sunda sok wae disisipan sengau (conto: Vimba >
> bingba)
> nya Suddha > sudha - suda > janten SUNDA
>
> cobi bandingkeun tina kamus Sanskerta > da di hanteu2 oge pangaruh basa
> Sanskerta teh kentel pisan di urang teh... teu tiasa dibangbalerkeun.
$gt;
> Nyanggakeun
> AMBU
>
> ____________ _________ _________ __
> From: ednugraha <[EMAIL PROTECTED] com>
> To: [EMAIL PROTECTED] .com
> Sent: Wednesday, December 3, 2008 9:51:50 AM
> Subject: [kisunda] Re: kalam kasundaan (III)
>
> aos geura kang kumi nu abdi sing tenget....eta hartos sunda teh aya
> dina buku kamus LBSS miwah buku sajarah (referensina di cutat didinya
> supados tiasa di re-check.
>
> --- In [EMAIL PROTECTED] .com, "Kumincir Wikidisastra" <[EMAIL PROTECTED] .>
> wrote:
>>
>> Manawi aya nu tiasa nuduhkeun ka kuring, dina kamus Sunda anu mana
> kuring
>> kudu neangan harti kecap 'sunda'?
>>
>> On Sun, Nov 30, 2008 at 7:47 PM, ilen kardani wrote:
>>
>> > Patri sakitu oge Abah Djati, diajar kasundaan mah kudu ku cara
> Sunda,
>> > ulah nanyakeun kanu sejen. Siga ngahartikeun Sunda ku bahasa India
> atawa
>> > Latin,,,,,,puguh we teu keuna.
>> >
>>
>> --
>> sikandar
>> kumincir.blogspot. com
>>
>
>
> 

 














      Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now 
http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline

Kirim email ke