Kuring maca dina Majalah Ujung Galuh ngeunaan Pangeran Jayakarta. Cenah wasiat atanapi amanat ti anjeunna ka turunan & para pengikutna di Kaum, nyaeta sangkan tetep pengkuh make basa Sunda.
Ngeunaan Surawisesa & Prabu Sanghyang, cocog geuning nya, Kang Schev? On Thu, Dec 4, 2008 at 2:45 PM, Aschev Schuraschev wrote: > Baraya, dinten Senen minggu ieu sim kuring nyaksian acara di > tivi elshinta bada magrib (mun teu lepat acara "Kampung Kita"). Kaleresan > dina acara eta teh dipidangkeun sajarah Jatinegara Kaum (Jakarta) sareng > kahirupan padumukna kiwari. Cenah aranjeunna teh ngaraos turunan Pangeran > Jayakarta oge turunan tantara Banten. Dicarioskeun cenah 60% padumuk > Jatinegara Kaum teh masih asli. Digambarkeun dina eta acara teh warga > Jatinegara Kaum ngalanggengkeun pamakean basa Sunda Cohag / > Kasar. Ditembongkeun dina eta program teh hiji bapa ngajarkeun basa Sunda > Banten (aranjeunna ngabasakeun kitu) ka anakna nu awewe. > > Aya ku reueus ka masarakat Jatinegara Kaum. Cenah Surawisesa teh kawitna > mah prabu di Sangiang (di Jatinegara kiwari). Jigana karakter nu > hayang mertahankeun basa / identitas nu aya di ieu masarakat teh > mangrupakeun warisan ti Surawisesa (nu jadi Mundinglaya Dikusumah raja > Sunda). > > Na (naha) ari nonoman nu di Jabar nu aya di kota (sapertos Bandung) meni > isin nganggo basa Sunda teh. Pelayan toko / mart ngaranggo basa Indonesia > wae sanaos diajak nyarios basa Sunda. > > Hayu ah ulah eleh ku urang Jatinegara, urang ngamumule basa Sunda boh ku > nyarios boh ku nulis. > -- sikandar kumincir.blogspot.com su.wikipedia.org www.urangsunda.or.id
