Baraya, dinten Senen minggu ieu sim kuring nyaksian acara di tivi elshinta bada 
magrib (mun teu lepat acara "Kampung Kita"). Kaleresan dina acara eta teh 
dipidangkeun sajarah Jatinegara Kaum (Jakarta) sareng kahirupan padumukna 
kiwari. Cenah aranjeunna teh ngaraos turunan Pangeran Jayakarta oge turunan 
tantara Banten. Dicarioskeun cenah 60% padumuk Jatinegara Kaum teh masih asli. 
Digambarkeun dina eta acara teh warga Jatinegara Kaum ngalanggengkeun pamakean 
basa Sunda Cohag / Kasar. Ditembongkeun dina eta program teh hiji bapa 
ngajarkeun basa Sunda Banten (aranjeunna ngabasakeun kitu) ka anakna nu awewe.

Aya ku reueus ka masarakat Jatinegara Kaum. Cenah Surawisesa teh kawitna 
mah prabu di Sangiang (di Jatinegara kiwari). Jigana karakter nu 
hayang mertahankeun basa / identitas nu aya di ieu masarakat teh mangrupakeun 
warisan ti Surawisesa (nu jadi Mundinglaya Dikusumah raja Sunda).

Na (naha) ari nonoman nu di Jabar nu aya di kota (sapertos Bandung) meni isin 
nganggo basa Sunda teh. Pelayan toko / mart ngaranggo basa Indonesia wae sanaos 
diajak nyarios basa Sunda.

Hayu ah ulah eleh ku urang Jatinegara, urang ngamumule basa Sunda boh ku 
nyarios boh ku nulis.

Salam,
Aschev Schuraschev Wirahadijakarta

 




________________________________
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Thursday, December 4, 2008 1:49:42 PM
Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)


Dina perkara migunakeun basa Sunda, aspirasi kuring pribadi leuwih
condong kana basa Sunda loma. Dina istilah kang Maman, nya basa Sunda
anu lamun dipake teh asa leuwih ni'mat karasana (naon deui, apan
sagala rupa oge anu diteangann teh ni'matna bari henteu ngadzoliman
ka nu lian).

Ngan nyaeta, kaayaan urang Sunda ayeuna apan geu sakieu kanyataanana
(persis siga dina lebah ageman). Fakta ieu teu bisa kitu wae
dikagigirkeun (persis saperti dina agama: aya Islam, mayoritas, aya
...jsb). Teu bisa oge upama urang pukul rata make basa loma (atawa
basa anu ngaharib kana sebutan "kasar" jeung babaturan tea, bari hate
mah tetep lemes) ka saha wae. Aya sagolongan urang Sunda anu masih
mikayang aya undak-usuk basa. Oge undak usuk basa teh masih perlu dina
kahirupan sapopoe, upamana dina ngado'a. Asan can tega hate lamun
ngucapkeun do'a ka Pangeran make basa anu "kasar" (teuing ketang ka
hareup mah, lamun geus teu aya / karasa dualisme kasar jeung lemes
tea).

Kahariwang kang Ganjar (oge kang Ajip Rosidi jeung bangsa eh urang
Sunda lianna) asup akal oge. Sabab, nguranganana anu ngagunakeun basa
Sunda sapopoe geus tembong, utamana di golongan barudak ngora.
Kukituna, lamun aya keneh gairah kana Sunda nya sakuduna make basa
Sunda teh dibiasakeun jeung digedekeun deui kabiasaanana ngaliwatan
rupa-rupa tarekah. Salah sahijina, nya ngaliwatan milist tea.

manar

On Wed, Dec 3, 2008 at 10:37 PM, Maman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> Nya sahenteuna, anu karaos ku pribados mah ku ayana milis Kisunda, abdi
> janten tiasa deui sakedik-sakedik nyarios sunda.
> Boh di kantor, boh di pasar boh lamun aya pertemuan, jlebet-2 we make basa
> sunda. Asa leuwih nikmat karasana. Komo lamun ngobrol kasar mah
> (jeung babaturan anu deukeut, "goblog maneh sia ha..ha..ha". ).
>
> Hariwang oge naon anu diperkirakeun ku Kang Ganjar, 200 taun ka hareup sunda
> mung aya dina catetan sejarah. Duh hawatos atuh, nya sasieurun sabeunjeuruen
> urang korehan deui ku urang-urang.
>
> --- On Thu, 12/4/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
>
> Tiasa pariosan buku-buku sajarah kasundaan anu tos aya, kalawan niat
> anu jujur tur aya gairah anu positif. Engke kakoreh geura, minimal
> tina sawangan falsafah sajarah, aya ajen-inajen anu unggul. Ieu lain
> hartina kuring ngebrehkeun yen Sunda teh geus jaya atawa hebat. Leres,
> masih seueur anu kedah dibeberes, dilelempeng, dironjatkeun, jsb.
> Tapi, dadasarna oge henteu tuna-tuna teuing.
>
> Mangga wilujeng.
> manar
>
> On Wed, Dec 3, 2008 at 10:19 PM, Halimun An <halimun_an@ yahoo. com> wrote:
>> nah, upami kesimpulan sim kuring lepat, punten sanggah sadaya
>> kesimpulan sim kuring perkawis sunda, namung sareng buktosna.
>> sim kuring percanten yen seueur urang sunda nu saemutan sareng sim
>> ikuring.
>> Sanes ceuceub ka sunda da pas borojol ge tos sunda ti tadina.
>> namung sim kuring ngangugat urang sunda nu aya ayeuna.
>> Utamina urang sunda nu atos aya yuswaan.
>> sim kuring tos cape nguping urang sunda disebat si borokokok lah jsb.
>> janten punten kang, buktoskeun yen kesimpulan sim kuring teh lepat. :)
>>
>> --- On Thu, 4/12/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
>>
>> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED] com>
>> Subject: Re: [kisunda] SUNDA = NGIMPI (KIRATA)
>> To: [EMAIL PROTECTED] .com
>> Received: Thursday, 4 December, 2008, 6:12 AM
>>
>> Heunteu leres Kang, boh premisna oge konklusina.
>>
>> manar
>>
>> On Wed, Dec 3, 2008 at 10:03 PM, halimun_an <halimun_an@ yahoo. com>
>> wrote:
>>> Ningali dina cariosan-cariosan sadayana,
>>> saur sim kuring mah hartosna sunda teh resep ngimpi
>>> duka leres duka henteu.
>>> bade disebat bangsa hebat da kumaha kanyataana teu hebat.
>>> bade disebat pernah jaya, da kumaha teu aya sesa-sesana,
>>> kalebet sesa-sesa(genetik) ka urang sunda nu ayeuna.
>>> atanapi tos keuna evolusi(mutasi genetik) kitu?
>>>
>>> teras urang sunda mah resep KIRATA, dikira-kira asa nyata.
>>> nanaon oge dikiratakeun. . sarua jeung babaturan uing nu jadi
>>> dukun, sagala2 di KIRATA keun, cenah harewosan ti alam manahoreng.
>>>
>>> jadi kasimpulanna hartos sunda = ngimpi= kirata
>>>
>>> nuhun
>>>
>>>
>>
>> ____________ _________ _________ __
>> Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now.
>>
>
> 
 


      

Kirim email ke