Kang abdi hoyong artikel etamasih aya keneh ? majalah heubeul majalah anyar ?
copy na pang alungkeun ... On Thu, Dec 4, 2008 at 2:50 PM, Kumincir Wikidisastra < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kuring maca dina Majalah Ujung Galuh ngeunaan Pangeran Jayakarta. Cenah > wasiat atanapi amanat ti anjeunna ka turunan & para pengikutna di Kaum, > nyaeta sangkan tetep pengkuh make basa Sunda. > > Ngeunaan Surawisesa & Prabu Sanghyang, cocog geuning nya, Kang Schev? > > > On Thu, Dec 4, 2008 at 2:45 PM, Aschev Schuraschev wrote: > >> Baraya, dinten Senen minggu ieu sim kuring nyaksian acara di >> tivi elshinta bada magrib (mun teu lepat acara "Kampung Kita"). Kaleresan >> dina acara eta teh dipidangkeun sajarah Jatinegara Kaum (Jakarta) sareng >> kahirupan padumukna kiwari. Cenah aranjeunna teh ngaraos turunan Pangeran >> Jayakarta oge turunan tantara Banten. Dicarioskeun cenah 60% padumuk >> Jatinegara Kaum teh masih asli. Digambarkeun dina eta acara teh warga >> Jatinegara Kaum ngalanggengkeun pamakean basa Sunda Cohag / >> Kasar. Ditembongkeun dina eta program teh hiji bapa ngajarkeun basa Sunda >> Banten (aranjeunna ngabasakeun kitu) ka anakna nu awewe. >> >> Aya ku reueus ka masarakat Jatinegara Kaum. Cenah Surawisesa teh kawitna >> mah prabu di Sangiang (di Jatinegara kiwari). Jigana karakter nu >> hayang mertahankeun basa / identitas nu aya di ieu masarakat teh >> mangrupakeun warisan ti Surawisesa (nu jadi Mundinglaya Dikusumah raja >> Sunda). >> >> Na (naha) ari nonoman nu di Jabar nu aya di kota (sapertos Bandung) meni >> isin nganggo basa Sunda teh. Pelayan toko / mart ngaranggo basa Indonesia >> wae sanaos diajak nyarios basa Sunda. >> >> Hayu ah ulah eleh ku urang Jatinegara, urang ngamumule basa Sunda boh ku >> nyarios boh ku nulis. >> > > > -- > sikandar > kumincir.blogspot.com > su.wikipedia.org > www.urangsunda.or.id > > >
