Kacaturkeun para nggota dewan ngayakeun studi banding ka aherat. Salian ti 
ninggalian naraka sareng sawarga, oge diajak ninggalian musieum jam (saleresna 
mah jarang-jarang ninggalian kersa musieum teh, biasana mah resep keneh ka mall 
-- tapi kumargi di aherat mah teu aya mall nya bari kapaksa oge mengkol ka 
musieum). Anu rada aheng di musieum teh nyaeta puteran masing-masing jam 
bararenten.  Masing-masing nagara diwakilan ku hiji jam. Nurutkeun anu jaga, 
puteran jam teh gumantung kana tingkat korupsi di masing-masing nagara. Beuki 
tarik muterna, tandana  korupsina mahabu pisan. Sabada kurulang-kuriling, 
panasaran milarian jam milik Indonesia. Tapi weleh teu kapendak. Barang 
ditaroskeun, saur nu jaga teh :"neda dihapunten jam kagungan Indonesia mah teu 
tiasa dipintonkeun, margi nuju ditambut ku urang naraka dijantenkeun kipas 
angin...................." 


      

Kirim email ke