mun teu aya koruptor moal maju nagara kulan --- On Fri, 5/12/08, Putera Daries Trimuda <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Putera Daries Trimuda <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: [kisunda] musieum jam To: [email protected] Received: Friday, 5 December, 2008, 4:40 AM Ha ha ha ha bakating ku tarik muterna meureun,Kang. .. Cenah mah ceuk beja,di anggo pembangkit listrik tanaga jam...jang nya'angan naraka... baktos On Dec 5, 2008, at 11:27 AM, Ganjar Kurnia wrote: Kacaturkeun para nggota dewan ngayakeun studi banding ka aherat. Salian ti ninggalian naraka sareng sawarga, oge diajak ninggalian musieum jam (saleresna mah jarang-jarang ninggalian kersa musieum teh, biasana mah resep keneh ka mall -- tapi kumargi di aherat mah teu aya mall nya bari kapaksa oge mengkol ka musieum). Anu rada aheng di musieum teh nyaeta puteran masing-masing jam bararenten. Masing-masing nagara diwakilan ku hiji jam. Nurutkeun anu jaga, puteran jam teh gumantung kana tingkat korupsi di masing-masing nagara. Beuki tarik muterna, tandana korupsina mahabu pisan. Sabada kurulang-kuriling, panasaran milarian jam milik Indonesia. Tapi weleh teu kapendak. Barang ditaroskeun, saur nu jaga teh :"neda dihapunten jam kagungan Indonesia mah teu tiasa dipintonkeun, margi nuju ditambut ku urang naraka dijantenkeun kipas angin....... ......... ...." Start your day with Yahoo!7 and win a Sony Bravia TV. Enter now http://au.docs.yahoo.com/homepageset/?p1=other&p2=au&p3=tagline
