Ha ha ha ha
bakating ku tarik muterna meureun,Kang...
Cenah mah ceuk beja,di anggo pembangkit
listrik tanaga jam...jang nya'angan naraka...

baktos


On Dec 5, 2008, at 11:27 AM, Ganjar Kurnia wrote:


Kacaturkeun para nggota dewan ngayakeun studi banding ka aherat. Salian ti ninggalian naraka sareng sawarga, oge diajak ninggalian musieum jam (saleresna mah jarang-jarang ninggalian kersa musieum teh, biasana mah resep keneh ka mall -- tapi kumargi di aherat mah teu aya mall nya bari kapaksa oge mengkol ka musieum). Anu rada aheng di musieum teh nyaeta puteran masing-masing jam bararenten. Masing-masing nagara diwakilan ku hiji jam. Nurutkeun anu jaga, puteran jam teh gumantung kana tingkat korupsi di masing-masing nagara. Beuki tarik muterna, tandana korupsina mahabu pisan. Sabada kurulang-kuriling, panasaran milarian jam milik Indonesia. Tapi weleh teu kapendak. Barang ditaroskeun, saur nu jaga teh :"neda dihapunten jam kagungan Indonesia mah teu tiasa dipintonkeun, margi nuju ditambut ku urang naraka dijantenkeun kipas angin...................."




Kirim email ke