Sok Kg MH uing ngiluan padungdeng dina pendidikan, sae pisan pamarentah naekeun 
baget 20% , aya kamajuan ningkatkeun daya cerdas masyarakat sa jabar atawa sa 
nusantara. 

Pang pangna ningkatkeun "GURU" ulah guru no mroyek tapi guru  nu ngajar murid. 
Ieu kuring ngalaman keur diajar di ITB loba dosen mroyek murid ngan di bere 
tugas. Tugas guru ngajentrekeun atawa ngajar nu bener  ka"ilmu"an ka muridna. 

Tangtu gajih guru kudu bener imahna, lauk paukna, kaluargana kudu gajihna sa 
imbang, makana teu salah2 teuing guru membengkalaikan murid, neangan  proyek 
sampingan. Proyek sampingan leuwih loba  gawena tibatan ngajarkeun ilmu jadi 
guruna.

AKIBAT  mutu pendidikan rendah atawa "Jadi guruna teu proffesional", akibatna 
produksi kecerdasan bangsa "rendah" oge dina ngawangun nagarana. Dualisme jiga 
militer nungajaga nagara pipilueun jadi bisnismen/pedagang nagara ancur jamanna 
ex president Soeharto. Ibarat ahli ekonomi sok tau jadi arsitek , ieu tumpang 
tindih nagara berkembang sok boga aji mumpung neangan hirup keur dapur kudu 
sagala dipigawe nu lain widangna.

Babandingan nagara2 maju nu ka deuleu di lapangan ku kuring lain ceunah puluhan 
nagara tos di ubek2  ibarat di Russia, Eropa, USA dana pendidikan pang GEDENA 
papangna dana riset. Hasilna kecerdasan eta bangsa alus dina pangwangunan 
bangsa.

Pang pangna jadi guru ulah jadi koruptor dina maling waktu ngajar eta teu bener 
ajarkeun murid2 seuna pinter keur pembangunan bangsa nusantara.


cag ah
Kang Yana







 

________________________________
From: mh <[EMAIL PROTECTED]>
To: kisunda <[email protected]>; [EMAIL PROTECTED]; Urangsunda <[EMAIL 
PROTECTED]>
Sent: Sunday, December 7, 2008 8:17:37 AM
Subject: [kisunda] Noong SAKOLA?


Baraya, pasti kungsi ngalaman sakola lin?
Atuh tangtu we, mana bisa mimilisan ge, apan ladang sakola nya, Hahaha.

Lain, kieu ieu teh, bejana di urang urusan sakola teh rek
ditingkatkeun cenah ajenna,
majar anggaranna nepi ka 20% ti anggaran nagara.

Tah najan urang ukur rakyat negeri milis, sugan we aya ideu-ideu hade nu pakait
jeung urusan ningkatkeun sakola. Sugan we atuh, upama aya ideu hade mah,
engke aya nu bisa nyalurkeun ideu-ideuna ka lembaga nu pakait jeung
urusan sakola.

Keur saheulaanan, cing urang padungdengkeun, numutkeun pangalaman baraya kabeh
nalika sakola, hal-hal naon wae nu nyugemakeun, kitu deui nu
pikasebeleun nu kapanggih
di sakola urang jaman harita. Jeung naon kira-kira angen-angen atawa
harepan baraya
kabeh pikeun dunya sakola dilembur urang.

Der baraya, geura guar pangalamanana.

salam,
mh
 


      

Kirim email ke