Kanggo baraya sadayana.
Tos saminggu simkuring teu ngiringan ieu milis, meni rame pisan resep kuring mah. Ieu mah lain mamatahan ngojay kameri, sanajan ayeuna mah loba meri paeh di cai.hahahahaha..ieu mah saukur carita. Pas kamari kuring ngaos aya topik anu sae perkawis maot tea, keleresan dinten Rebo kamari di lembur kuring aya tatanggi anu ngantunkeun, tabuh 5 langkung 10 menit, pihak keluarga almarhum mengingginkan jenasah dikuburkan poe eta oge, walaupun hari sudah gelap dan yang membuat kawatir adalah awan hitam yang mengantung, bener wae teu lila hujan turun, cukup ageung, saatos ngantosan nepikeun sajam hujan teu ro'ot ro'ot, maka pihak keluarga sepakat, rek ngibakkan mayit almarhum di bawah kondisi hujan rintik-rintik dan waktu menunjukan pukul 7.00, tadinya ku simkuring rek dicegah, usul sim kuring mah kumaha lamun di ibakan nana isukan wae isuk-isuk, ayeuna mah hujan jeung deui geus peuting, tapi lantaran keputusan keluarga almarhum jeung desakan amil, matak si mayit,harita keneh di ibakan. Naon ceunah alesan kuring hayang dimandian isukan wae isuk- isuk?. Ceuk kuring, lantaran geus peuting katambah deui hujan, karunya katirisan. Atuh nu mendengar seuseurian, kaasup kuring oge ngilu seuri, ah apa enya katirisan? Apan geus maot?apa karasaeun kitu?,ceuk batur kuring, trus kukuring ditanya bari heureuy ".ente nyaho kunaon mun pasaran sok di payungan?kunaon,ceuk kuring. "Supaya teu kapanasan" ceuk baturan,apa enya ngarasa kapanasan? pan geus maot, jawab kuring di balikkeun. Atuh atuh babaturan kuring jadi hulang - huleng, enya oge cenah. Matak mun aya saha wae anu kapapaten, mun rek ngibakkan mayit, kedah ningali heula situasi atanapi kondisina, mun emergency pisan teu aya waktos deui, kaayaan cuaca sami sareng nu kaalaman ku tatangi kuring. Siap keun wae lampu semprong alit, teundeun disabeulaheun tempat ibakna mayit. Maksadna mah supaya si mayit teu katiriisan. Memang begitulah kondisi almarhum di "langitan". Ieu mah rek percaya atanapi moal ! mangga teu aya paksaan. Teu aya sanes, makasadna mah kamanusiaan, mun urang menghormati naon jieunan nana berarti urang oge menghormati nu ngajieun.Kunaon mun Mercedes atanapi BMW dielapan unggal poe,trus dilebetkeun ka garasi tara disebut musrik atanapi bid"ah, tapi mun ngalakukeun nu kieu mah bisa disebat keun tojaiah.hahahahahaha. Teu aya sanes maksudna mah menghormati nu nyieun. Ceuk agama mah hirup jeung paeh teh tiada beda, sawarga dunia nya sawarga akhirat, naraka dunia nya naraka akhirat, salamet dunia nya salamet akhirat. Kalobana di puhid dina kitab mah ngan saukur "Kasaktian " jeung "Mandraguna" padahal nu sakti jeung mandraguna mah hanya sihir (istijad tea), lantaran keadilaannya tetep diberikan ka jelema, hayang naon? Panjang umur, pinter, sakti, hiber, tilem, ngahiyang,teu nerak di kadek, sakeupeul wareg, nyarang, nutup rejeki batur, beunghar, boga pamajikan 20 bisa ! ngan resiko jeung dampak tanggung sendiri, mantra mah nyandak wae ti sabrang pan loba lain bukuna. Tos heula, punten wae bahasa ieu mah pabaliut, teu acan tiasa jiga Mang Jamal nu penulis nopel tea...hahahahaha. T A J I M A L E L A
