Naonna nu kedah di dongengkeun (siga wa kepoh..). 
  Cik urang pedar sakedik : Kaayaan alamna sami sareng di daerah urang, sae 
kanggo tatanen utaminamah di daerah Lombok Barat sareng tengah. Pami ka daerah 
Lombok Timur Lumayan rada garing. 
  Ari penduduk aslina suku Sasak, di Mataram (ibukota prop) tos campur sareng 
Bali, Sumbawa, Mbojo(Bima Dompu). Nya panginten Jawa teu kedah di etang, da 
manehnamah dimana - mana oge seueur. Urang Sunda Lumayan, malih aya dua 
paguyuban anu aktif.
  Daerah wisata di Lombok seueurnamah daerah pantai, teu kawon ku pantai - 
pantai Bali, Wisata gunung aya oge anu kakoncara nyaeta gunung Rinjani, 
kaistimewaanna aya danau di eta gunung.
  Akses masuk Bandara selaparang, Pelabuhan Lembar. Ti Bandung Pami lewat darat 
mung -/+ 50 jam (lumayan cangkeul, komo pami nyandak mobil nyalira).
  mentasan laut 3 kali
  Kuliner anu janten ciri khasna Pelecing Kangkung, Beberuk, Ares, Hayam 
Taliwang.
  Naon deui nya............ Sangkuriang.... teu aya, aya ge Putri Mandalika
  cag ah... siap - siap ka Lapangan heula
   
  Hatur Nuhun
   
  Mulya
   
  
mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Wilujeng tepang Kang Mulyana.

Kang cing ngadongeng sakedik perkara Lombok, kumaha gambaranana.
Ari di Lombok, aya dongeng Sangkuriang Kang?

salam,
mh

On Sat, Dec 6, 2008 at 8:55 AM, Thipa Parethot
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Wilujeng enjing,
> Ka sadaya wargi kisunda, dipundut jembar manahna, simkuring bade ngiring
> kempel di ieu milis........
> Ari nu katelahmah simkuring teh Mulyana tos 10 thn ngumbara di Lombok NTB.
> ari kawitmah ti Sukabumi.
> Mung sakie heula panginten sanes waktos di sambung deui..
>
> Nungageugeuh Pulau
> Lombok
>
> Thipa Parethot
>
> ________________________________
> Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat.
> Undang teman dari Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 


                           

       
---------------------------------
  Kenapa BBM mesti naik? Apakah tidak ada solusi selain itu?  
 Temukan jawabannya di Yahoo! Answers!

Kirim email ke