Kang Taji,
Cenah ceuk nu sok nyapoekeun ngubur mayit, mayit
kudu dikubur poenan maotna sabab:
1. Karunya ka malaikat anu geus nungguan di alam
barzah, mun diisukeun bisi ngambek malaikatna
2. Karunya ka jinisna sabab lamun rek meunang
kanikmatan kubur jadi katunda ku sabab telat nguburna
3. Karunya ka nu ngemitan, kudu begadang
sapeuting jeput nungguan ngurebkeun isukanana
4. Karunya ka Bidadari anu rek mapagkeun (keur
mayit lalaki, duka ari mayit awewena mah kabagean naon),
Kitu oge cenah,
At 07:26 PM 12/8/2008, Tajimalela wrote:
Kanggo baraya sadayana.
Tos saminggu simkuring teu ngiringan ieu milis,
meni rame pisan resep kuring mah. Ieu mah lain
mamatahan ngojay kameri, sanajan ayeuna mah loba
meri paeh di cai
hahahahaha..ieu mah saukur carita.
Pas kamari kuring ngaos aya topik anu sae
perkawis maot tea, keleresan dinten Rebo kamari
di lembur kuring aya tatanggi anu ngantunkeun,
tabuh 5 langkung 10 menit, pihak keluarga
almarhum mengingginkan jenasah dikuburkan poe
eta oge, walaupun hari sudah gelap dan yang
membuat kawatir adalah awan hitam yang
mengantung, bener wae teu lila hujan turun,
cukup ageung, saatos ngantosan nepikeun sajam
hujan teu root root, maka pihak keluarga
sepakat, rek ngibakkan mayit almarhum di bawah
kondisi hujan rintik-rintik dan waktu menunjukan
pukul 7.00, tadinya ku simkuring rek dicegah,
usul sim kuring mah kumaha lamun di ibakan nana
isukan wae isuk-isuk, ayeuna mah hujan jeung
deui geus peuting, tapi lantaran keputusan
keluarga almarhum jeung desakan amil, matak si mayit,harita keneh di ibakan.
Naon ceunah alesan kuring hayang dimandian
isukan wae isuk- isuk?. Ceuk kuring, lantaran
geus peuting katambah deui hujan, karunya
katirisan. Atuh nu mendengar seuseurian, kaasup
kuring oge ngilu seuri, ah apa enya katirisan?
Apan geus maot?apa karasaeun kitu?,ceuk batur
kuring, trus kukuring ditanya bari
heureuy
ente nyaho kunaon mun pasaran sok di
payungan?kunaon,ceuk kuring. Supaya teu
kapanasan ceuk baturan,apa enya ngarasa
kapanasan? pan geus maot, jawab kuring di
balikkeun. Atuh atuh babaturan kuring jadi hulang huleng, enya oge cenah.
Matak mun aya saha wae anu kapapaten, mun rek
ngibakkan mayit, kedah ningali heula situasi
atanapi kondisina, mun emergency pisan teu aya
waktos deui, kaayaan cuaca sami sareng nu
kaalaman ku tatangi kuring. Siap keun wae lampu
semprong alit, teundeun disabeulaheun tempat
ibakna mayit. Maksadna mah supaya si mayit teu
katiriisan. Memang begitulah kondisi almarhum di
langitan. Ieu mah rek percaya atanapi moal ! mangga teu aya paksaan.
Teu aya sanes, makasadna mah kamanusiaan, mun
urang menghormati naon jieunan nana berarti
urang oge menghormati nu ngajieun.Kunaon mun
Mercedes atanapi BMW dielapan unggal poe,trus
dilebetkeun ka garasi tara disebut musrik
atanapi bidah, tapi mun ngalakukeun nu kieu mah
bisa disebat keun tojaiah
hahahahahaha. Teu aya
sanes maksudna mah menghormati nu nyieun.
Ceuk agama mah hirup jeung paeh teh tiada beda,
sawarga dunia nya sawarga akhirat, naraka dunia
nya naraka akhirat, salamet dunia nya salamet akhirat.
Kalobana di puhid dina kitab mah ngan saukur
Kasaktian jeung Mandraguna padahal nu sakti
jeung mandraguna mah hanya sihir (istijad tea),
lantaran keadilaannya tetep diberikan ka jelema,
hayang naon? Panjang umur, pinter, sakti, hiber,
tilem, ngahiyang,teu nerak di kadek, sakeupeul
wareg, nyarang, nutup rejeki batur, beunghar,
boga pamajikan 20 bisa ! ngan resiko jeung
dampak tanggung sendiri, mantra mah nyandak wae
ti sabrang pan loba lain bukuna.
Tos heula, punten wae bahasa ieu mah pabaliut,
teu acan tiasa jiga Mang Jamal nu penulis nopel tea
..hahahahaha.
T A J I M A L E L A
__________________________________________________
ILEN KARDANI
Drilling Services Manager
Schlumberger Drilling & Measurements
16 Floor, Rohas Perkasa
No.8 Jalan Perak
50450 Kuala Lumpur Malaysia
Tel: 60 (3) 2166 7788
DID: 60 (3) 2169 4180
Fax: 60 (3) 21667100
Mobile: 60 (12) 2516485
mailto:[EMAIL PROTECTED]