Maenya "Maman"  urang Jerman ?  Tapi aya oge nu nuduh uing
urang Jerman (maksudna adal ti jalan Jendral Sudirman)
he..he.he...    "Karl Heinz Manz" .



Dina akte kelahiran mah ngan ukur : "surjaman"....  kalantaran di  
'eman'..eman.. jadi we katelah "maman".



"man" teh meureun hartina : manusa, atanapi jalma.

"surja"  hartina anu mere cahaya, anu nyaangan.  



Jadi lamun kitumah uing teh kudu bisa jadi jelema anu bisa "nyaangan"
ka batur, kitu meureun tapsir ngaran dewek ceuk kuring .
he..he.he.  ( Ge eR tanda PeDe).



Baktos

mz

.

.
--- On Tue, 12/9/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [kisunda] Ngaran Urang Sunda
To: [email protected]
Date: Tuesday, December 9, 2008, 10:15 AM










    
            
Aya oge urang Sunda nu gaduh ngaran langkung ti hiji nyaéta ngaran
keur alit sareng ngaran tos sawawa sapertos ngaran sim kuring. Gening
aya babasan "kasabit ngaran keur leutik, kasebut ngaran keur lembut,
kasabat ngaran keur budak".
 
Tapi angger waé ngaran urang Sunda mah teu bisa dipake
patokan pikeun nunjukkeun ti mana asalna, beda jeung ngaran-ngaran
bangsa sejen. Ujang bisa dianggap urang Palembang. Nyai jeung
ngaran-ngaran menak bisa dianggap urang Jawa. Asep jeung Udin bisa
dianggap urang Betawi (aya satpam di padumukan sim kuring nu ngaranna
Asep keukeuh teu ngaku urang Sunda tapi ngakuna urang Betawi).
 
Ngacapruk sakedik kana ngaran-ngaran
bangsa lian (kenging niron ti wikipedia) sugan aya
pulunganeunana (punten nganggo basa loma) susuganan janten inspirasi
kanggo urang Sunda kanggo ngadamel ngaran marga supados 
ngagampilkeun identifikasi asal-usul.
 
Lolobana urang Éropah mimitina ngagunakeun hiji ngaran paméré waé,
tuluy sanggeus jumlah jelema anu ngaranna sarua beuki réa di hiji
wewengkon, ngaran kulawarga ditambahkeun pikeun ngabédakeun jalma-jalma
anu ngaranna sarua. Sanggeus beuki réa jelema anu ngaran hareupna sarta
ngaran kulawargana sarua, mangka jelema nambahan ngaran tengah, hiji
ngaran, saterusna dua ngaran, sarta saterusna.

 
Di Inggris jeung Amérika Sarikat, jelema ilahar digero maké
ngaran hareupeunana. Di Jérman, jelema dawam digeroan kalawan ngaran
tengahna. Di nagara-nagara Asia Wétan sarta Hungaria, ngaran kulawarga
ditempatkeun di hareup, sarta dina kasus ngaran Tionghoa, ngan aya
ngaran kulawarga dina jumlah anu kawates, sahingga ratusan nepi ka
rébuan jelema ngabogaan ngaran anu persis sarua.
 
Ngaran Inggris nyaéta ngaran anu mandiri lantaran bisa ditambahkeun Sr.
(Senior) sanggeus ngaran kulawarga pikeun bapa anu ngaranna sarua jeung
anakna. Hal ieu dilantarankeun réa bapa anu hayang anakna (biasana anu
cikal) supayah maké ngaranna sarta neruskeun pagawéanana.
 
Basa Inggris, Spanyol, Portugis, sarta sawatara bangsa séjénna sakapeung 
ngagunakeun Jr. (Junior) dina tungtung ngaran kulawarga pikeun anak anu 
ngaranna sarua jeung bapana (kebalikan tina Sr..) Ngaran Brasil sakapeung 
ngagunakeun Neto pikeun "incu", Sobrinho pikeun "alo" sarta Júnior pikeun 
"anak".
 
Sawatara basa, kawas basa Rusia, ngagunakeun ahiran jénder pikeun
ngaran kulawarga maranéhanana, jadi pikeun turunan lalaki disebut Tuan
Molotov, pikeun turunan wanoja atawa pamajikan disebut Nyonya Molotova.
 

 







From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com>
To: kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com>
Sent: Monday, December 8, 2008 5:59:58 PM
Subject: [kisunda] Ngaran Urang Sunda








Ngaran US nu umum nya eta ; saperti :
Dadang, Atang, Ateng, Deden, Lilis, Dedeh jste
 
Aya nu masket kapriyayianana, contona :
Adiwikarta; Kertalegawa; Bratamanggala, Iskandardinata; Kartasasmita jrrd
 
Terus aya nu bau KAUMAN, tapi ditarima ku urang Sunda sacara Umum :
Jang Abas , Jang Oim ( Ibrahim ) ; Jenal ; Jang Ocid ( Rasyid ); neng Edah 
(Jubaidah);
Neng Ina ( Amina ); neng Imah ( Patimah) jrrd
 
Aya nu bau Modern ; saperti :
Rudy ; Richa ; Deddy ; Roza jrrd
 
Tah ayeuna mah aya atawa rada loba ngaran Sunda nu rada aneh saperti :
Subagyo Tanumihardja; Agus Swartono.... ..
Make ngaran UJ tapi da urang Sunda; lolobana nu kieu mah ti daerah Cirebonan.
 
Mangga nyanggakeun
Abbas Amin



      
      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke