Waktos kuliah di Bdg, sim kuring gaduh babaturan ti Flores nu ngaranna Emanuel Bajo Wawo. Manehna sok hayang digentraan Eman. Nya ku babaturan sejenna manehna teh sok digentraan Eman. Kungsi manehna diprotes ku dosen nu ayeuna janten Menristek cenah: "Eman mah ngaran urang Sunda, lain ngaran urang Flores, ulah hayang digeroan Eman!" Tapi keukeuh we manehna teh katelah si Eman.
Eman oge dipake ngaran ku salasaurang bodor UJ. Maman? Sakedap deui ge bakal aya seler sanes nu nganggo. Antosan we. He he he. ________________________________ From: Maman <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Tuesday, December 9, 2008 11:25:10 AM Subject: Re: [kisunda] Ngaran Urang Sunda Maenya "Maman" urang Jerman ? Tapi aya oge nu nuduh uing urang Jerman (maksudna adal ti jalan Jendral Sudirman) he..he.he... "Karl Heinz Manz" . Dina akte kelahiran mah ngan ukur : "surjaman".. .. kalantaran di 'eman'..eman. . jadi we katelah "maman". "man" teh meureun hartina : manusa, atanapi jalma. "surja" hartina anu mere cahaya, anu nyaangan. Jadi lamun kitumah uing teh kudu bisa jadi jelema anu bisa "nyaangan" ka batur, kitu meureun tapsir ngaran dewek ceuk kuring . he..he.he. ( Ge eR tanda PeDe). Baktos mz . . --- On Tue, 12/9/08, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> wrote: From: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED] com> Subject: Re: [kisunda] Ngaran Urang Sunda To: [EMAIL PROTECTED] .com Date: Tuesday, December 9, 2008, 10:15 AM Aya oge urang Sunda nu gaduh ngaran langkung ti hiji nyaéta ngaran keur alit sareng ngaran tos sawawa sapertos ngaran sim kuring. Gening aya babasan "kasabit ngaran keur leutik, kasebut ngaran keur lembut, kasabat ngaran keur budak". Tapi angger waé ngaran urang Sunda mah teu bisa dipake patokan pikeun nunjukkeun ti mana asalna, beda jeung ngaran-ngaran bangsa sejen. Ujang bisa dianggap urang Palembang. Nyai jeung ngaran-ngaran menak bisa dianggap urang Jawa. Asep jeung Udin bisa dianggap urang Betawi (aya satpam di padumukan sim kuring nu ngaranna Asep keukeuh teu ngaku urang Sunda tapi ngakuna urang Betawi). Ngacapruk sakedik kana ngaran-ngaran bangsa lian (kenging niron ti wikipedia) sugan aya pulunganeunana (punten nganggo basa loma) susuganan janten inspirasi kanggo urang Sunda kanggo ngadamel ngaran marga supados ngagampilkeun identifikasi asal-usul. Lolobana urang Éropah mimitina ngagunakeun hiji ngaran paméré waé, tuluy sanggeus jumlah jelema anu ngaranna sarua beuki réa di hiji wewengkon, ngaran kulawarga ditambahkeun pikeun ngabédakeun jalma-jalma anu ngaranna sarua. Sanggeus beuki réa jelema anu ngaran hareupna sarta ngaran kulawargana sarua, mangka jelema nambahan ngaran tengah, hiji ngaran, saterusna dua ngaran, sarta saterusna. Di Inggris jeung Amérika Sarikat, jelema ilahar digero maké ngaran hareupeunana. Di Jérman, jelema dawam digeroan kalawan ngaran tengahna. Di nagara-nagara Asia Wétan sarta Hungaria, ngaran kulawarga ditempatkeun di hareup, sarta dina kasus ngaran Tionghoa, ngan aya ngaran kulawarga dina jumlah anu kawates, sahingga ratusan nepi ka rébuan jelema ngabogaan ngaran anu persis sarua. Ngaran Inggris nyaéta ngaran anu mandiri lantaran bisa ditambahkeun Sr. (Senior) sanggeus ngaran kulawarga pikeun bapa anu ngaranna sarua jeung anakna. Hal ieu dilantarankeun réa bapa anu hayang anakna (biasana anu cikal) supayah maké ngaranna sarta neruskeun pagawéanana. Basa Inggris, Spanyol, Portugis, sarta sawatara bangsa séjénna sakapeung ngagunakeun Jr. (Junior) dina tungtung ngaran kulawarga pikeun anak anu ngaranna sarua jeung bapana (kebalikan tina Sr..) Ngaran Brasil sakapeung ngagunakeun Neto pikeun "incu", Sobrinho pikeun "alo" sarta Júnior pikeun "anak". Sawatara basa, kawas basa Rusia, ngagunakeun ahiran jénder pikeun ngaran kulawarga maranéhanana, jadi pikeun turunan lalaki disebut Tuan Molotov, pikeun turunan wanoja atawa pamajikan disebut Nyonya Molotova. ________________________________ From: Abbas Amin <abas_amin08@ yahoo.com> To: kisunda <[EMAIL PROTECTED] .com> Sent: Monday, December 8, 2008 5:59:58 PM Subject: [kisunda] Ngaran Urang Sunda Ngaran US nu umum nya eta ; saperti : Dadang, Atang, Ateng, Deden, Lilis, Dedeh jste Aya nu masket kapriyayianana, contona : Adiwikarta; Kertalegawa; Bratamanggala, Iskandardinata; Kartasasmita jrrd Terus aya nu bau KAUMAN, tapi ditarima ku urang Sunda sacara Umum : Jang Abas , Jang Oim ( Ibrahim ) ; Jenal ; Jang Ocid ( Rasyid ); neng Edah (Jubaidah); Neng Ina ( Amina ); neng Imah ( Patimah) jrrd Aya nu bau Modern ; saperti : Rudy ; Richa ; Deddy ; Roza jrrd Tah ayeuna mah aya atawa rada loba ngaran Sunda nu rada aneh saperti : Subagyo Tanumihardja; Agus Swartono.... .. Make ngaran UJ tapi da urang Sunda; lolobana nu kieu mah ti daerah Cirebonan. Mangga nyanggakeun Abbas Amin
