punten abah Kuncen nu mulya
abdi nambihan we.... diangken mangga ... teu diangken... AWAS! heuheu
KAWALI > kabali > kasus kesepadanan bahasa fonem [w'] > [b]
bali = ari2 = placenta > KABALI (geusan ngajadi) tempat  pamulangan

oge panganjrekan anu disebat bajar karang pamidangan tea enun

kaleresan situs Kawali nu ayeuna teh dug ka ayeuna aya, mangrupa lmah tonggoh 
di mumunggang gunung Sawal (pasamayan para karuhun). Kiwari situs Kawali teh 
nyaeta kakantun Prabu Wangisutah basa anjeuna tatapa numawi disebat Nihan tapak 
walas ... nu siya mulia Prebu raja Wastu   (prasasti Kawali hiji)

Kawali salah sawios teh puseur dayeuh karajaan Galuh, anu kadaton n disebat 
SURAWISESA (salajengna term SURA dianggo ku katurunan Galuh dugi ka jejeg Islam 
> Surawisesa - Suradipati - Surasowan) 

Situs Kawali di Lembur Indrayasa desa Kawali, kacamatan Kawali Kabupaten Ciamis 
anu ayeuna disebat Astanagede teh, tempat tatapa anu kalebet tonggohna ti 
kadaton> Kadatonana ku anjeun masih keneh dina raraga permasalahan > seu-eur 
toponimi anu mengarah kadinya, naha di Bojonggaluh, Rajadesa, Karangkamulyan 
atanapi Utama? 
 
nu teges mah kadatuan Surawisesa sanes Astanagede ayeuna, tapi biasana di 
wewengkon langkung rendah (lebak). Didieu Astaagede teh kalebet wewengkon 
huludayeuh > hutan tutupan = leuweung larangan = leuweung ceum2an (ceumeun)  
(bandingkeun sareng prasasti Kebantenan > piteket ti Sri Baduga Maharaja). Kitu 
pembagian ruang harita .... janten kabiasaan Karuhun Sunda mah pola na sapertos 
kitu.

Gunung Sawal teh kabuyutan (puseur sanghiyang pigeusaneun para ratu) nu utami 
ti karajaan Galuh, sami sareng wewengkon gunung Pamuntuan nu janten puseur 
Hiyang Urang Kanekes... teu benten sareng  Gunung Cireme nu janten kabuyutan 
utami Saunggalah; oge Galunggung anu janten kabuyutan Rumatak (Sempakwaja)  

Karajaan Sunda ti awit Taruma dugi ka Tarusbawa - Darmasiksa teras ka Pakwan 
Pajajaran teh wewengkon kabuyutanana nya Gunung Gede- Pangrango. 

Mung kaleresan Kawali teu disebat kabuyutan da tos jentre di Gunung Sawal, 
Kawali mah sesebatan kanggo puseur dayeuh. 

Kitu nun
Tabe pun
AMBU WIRUMANANGGAY  
 



________________________________
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, December 10, 2008 3:36:08 PM
Subject: Re: [kisunda] Adat kakurung ku iga ....


"Kuali" bisa jadi kecap dina basa Sunda oge, utamana basa Sunda anu
digunakeun baheula. Pedah eta wae aya patempatan anu ngaranna "Kawali"
(ngaran hiji kacamatan di wewengkon Galuh atawa Ciamis ceuk
administrasi Pamarentahan mah) anu - ceuk cenah oge - disebut "kawali"
pedah wangun eta wewengkon ditingker ku gunung-gunung, jadi dekok siga
kuali.

Kabehdieunakeun, kecap "kuali" teh dina basa Sunda teh nelahna
"katel", mun rada leutik, atawa "kancah" mun badag (paragi ngagodog
pigulaeun atawa gogodogan sejenna anu rada loba disebutna "kancah";
kecap "kancah" kapanggih oge dina basa Indonesia, upamana dina frasa:
"kancah peperangan") . Tapi, satemenna, kecap "katel" teh serepan oge
tina basa deungeun (ketel). Dina elmu termodinamika kapanggih loba
digunakeun kecap "ketel".

manar

On Tue, Dec 9, 2008 at 11:59 PM, Kumincir Wikidisastra
<[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote:
> 'Wanua' téh sigana tina benua nya, Bah? :P
>
> Dina basa Sunda, benua téh disebatna 'buana'.
>
> On Wed, Dec 10, 2008 at 2:51 PM, Waluya wrote:
>>
>> Baheula, di jero Wanua Afrika, aya missionaris Nasrani katewak ku suku
>> primitif nu masih kanibal.
>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot. com
> su.wikipedia. org
> www.urangsunda. or.id
> 
    


      

Kirim email ke