Leres pisan Kang Nana, urang sunda tos terkenal di kalangan para ilmuwan barat mah teu menting babanda heula, nu dipentingkeun kumaha diri jadi "suwung". Pang pangna mah ngolah batin nu di turunkeun ku karuhun sunda. Matakna lamun jadi pamimpin teu neangan "aji mempeung" mentingkeun diri jeung KKN kudu pa gede2 babanda/kakawasaan. Pamimpin kudu ngasuh rahayat , lain sabalikna. Reputasi nu jadi pamimpin keur kapentingan umum dina sagala proyek, lain sabara persen pamimpin meunang dina hasil proyek keur pribadina jeung kknna. Conto jadi pamimpinmah SEREP ILMU KARUHUN SUNDA NU TRITANGTU = rahayat sejahtera, nusantara jaya cita2 bangsa indonesia .
________________________________ From: nana suryana <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:41:02 PM Subject: [kisunda] Tumaros Punten sateuacanna, ,abdi teh bade tumaros..bilih weh aya nu gaduh infona Upami dina sejarah ramalan sunda aya nu nyebatkeun: "Indonesia bakal jaya upami seuseueurna pemimpin di Indonesia (Presiden, Gubernur sareng Bupati/Walikota) teh urang sunda" , atanapi teu aya? Abdi teh kenal ka rerencangan pun rama anu gaduh paham ciga kitu? saur pun bapa rerencanganna eta teh elmuna tos luhur...dupi aya nu masihan terang ka abdi..hatur nuhun sateuacanna.
