Aeh Ambu, haturan...

Bingah kacida nampi katerangan ti Ambu ngeunaan asal-usul ngaran
Kawali, laju dieuyeuban ku sajarahna sok sanajan singget. Dalah eta
pisan anu dipiharep nalika sikuring ngomentaran kecap "kuali" anu
digunakeun ku Bah Willy (Kang Waluya). Hatur nuhun Ambu, muga-muga si
kuring kaasup anu bodoh alewoh.

Balik deui kana "pasoalan". Kukituna, kecap "kuali" dina basa Sunda
teh "katel" tea, sanes?. Heuheu, punten rada keukeuh.

baktosna,
manar

On Wed, Dec 10, 2008 at 5:30 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> punten abah Kuncen nu mulya
> abdi nambihan we.... diangken mangga ... teu diangken... AWAS! heuheu
> KAWALI > kabali > kasus kesepadanan bahasa fonem [w'] > [b]
> bali = ari2 = placenta > KABALI (geusan ngajadi) tempat  pamulangan
> oge panganjrekan anu disebat bajar karang pamidangan tea enun
>
> kaleresan situs Kawali nu ayeuna teh dug ka ayeuna aya, mangrupa lmah
> tonggoh di mumunggang gunung Sawal (pasamayan para karuhun). Kiwari situs
> Kawali teh nyaeta kakantun Prabu Wangisutah basa anjeuna tatapa numawi
> disebat Nihan tapak walas ... nu siya mulia Prebu raja Wastu   (prasasti
> Kawali hiji)
>
> Kawali salah sawios teh puseur dayeuh karajaan Galuh, anu kadaton n disebat
> SURAWISESA (salajengna term SURA dianggo ku katurunan Galuh dugi ka jejeg
> Islam > Surawisesa - Suradipati - Surasowan)
>
> Situs Kawali di Lembur Indrayasa desa Kawali, kacamatan Kawali Kabupaten
> Ciamis anu ayeuna disebat Astanagede teh, tempat tatapa anu kalebet
> tonggohna ti kadaton> Kadatonana ku anjeun masih keneh dina raraga
> permasalahan > seu-eur toponimi anu mengarah kadinya, naha di Bojonggaluh,
> Rajadesa, Karangkamulyan atanapi Utama?
>
> nu teges mah kadatuan Surawisesa sanes Astanagede ayeuna, tapi biasana di
> wewengkon langkung rendah (lebak). Didieu Astaagede teh kalebet wewengkon
> huludayeuh > hutan tutupan = leuweung larangan = leuweung ceum2an (ceumeun)
> (bandingkeun sareng prasasti Kebantenan > piteket ti Sri Baduga Maharaja).
> Kitu pembagian ruang harita .... janten kabiasaan Karuhun Sunda mah pola na
> sapertos kitu.
>
> Gunung Sawal teh kabuyutan (puseur sanghiyang pigeusaneun para ratu) nu
> utami ti karajaan Galuh, sami sareng wewengkon gunung Pamuntuan nu janten
> puseur Hiyang Urang Kanekes... teu benten sareng  Gunung Cireme nu janten
> kabuyutan utami Saunggalah; oge Galunggung anu janten kabuyutan Rumatak
> (Sempakwaja)
>
> Karajaan Sunda ti awit Taruma dugi ka Tarusbawa - Darmasiksa teras ka Pakwan
> Pajajaran teh wewengkon kabuyutanana nya Gunung Gede- Pangrango.
>
> Mung kaleresan Kawali teu disebat kabuyutan da tos jentre di Gunung Sawal,
> Kawali mah sesebatan kanggo puseur dayeuh.
>
> Kitu nun
> Tabe pun
> AMBU WIRUMANANGGAY
>
>
> ________________________________
> From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 10, 2008 3:36:08 PM
> Subject: Re: [kisunda] Adat kakurung ku iga ....
>
> "Kuali" bisa jadi kecap dina basa Sunda oge, utamana basa Sunda anu
> digunakeun baheula. Pedah eta wae aya patempatan anu ngaranna "Kawali"
> (ngaran hiji kacamatan di wewengkon Galuh atawa Ciamis ceuk
> administrasi Pamarentahan mah) anu - ceuk cenah oge - disebut "kawali"
> pedah wangun eta wewengkon ditingker ku gunung-gunung, jadi dekok siga
> kuali.
>
> Kabehdieunakeun, kecap "kuali" teh dina basa Sunda teh nelahna
> "katel", mun rada leutik, atawa "kancah" mun badag (paragi ngagodog
> pigulaeun atawa gogodogan sejenna anu rada loba disebutna "kancah";
> kecap "kancah" kapanggih oge dina basa Indonesia, upamana dina frasa:
> "kancah peperangan") . Tapi, satemenna, kecap "katel" teh serepan oge
> tina basa deungeun (ketel). Dina elmu termodinamika kapanggih loba
> digunakeun kecap "ketel".
>
> manar
>
> On Tue, Dec 9, 2008 at 11:59 PM, Kumincir Wikidisastra
> <[EMAIL PROTECTED] .or.id> wrote:
>> 'Wanua' téh sigana tina benua nya, Bah? :P
>>
>> Dina basa Sunda, benua téh disebatna 'buana'.
>>
>> On Wed, Dec 10, 2008 at 2:51 PM, Waluya wrote:
>>>
>>> Baheula, di jero Wanua Afrika, aya missionaris Nasrani katewak ku suku
>>> primitif nu masih kanibal.
>>
>> --
>> sikandar
>> kumincir.blogspot. com
>> su.wikipedia. org
>> www.urangsunda. or.id
>>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke