Panoong si kuring mah taya lian kusabab "agama" anu dilarapkeun dina
mangsa ayeuna, bil khusus Islam, masih napak dina ngagegedekeun aspek
ritual. Atawa, ukur dimensi ritual, paling jauh ditambahan ku dimensi
mistikal anu diramekeun dina larapan ngagem agama teh. Padahal, dina
agama Islam teh - sakumaha mindeng ditepikeun - nya dimensi sosial anu
panggedena. Akhlak taya lian ti tihangna dimensi sosial.

Kawentar pisan dalil yen Islam teh kudu jadi rahmatan lil 'alamin,
rahmat keur sakabeh alam, kaasup non muslim, kaasup sasatoan jeung
tutuwuhan, lingkungan jeung sajabana. Tangtu wae, hak-hak manusa aya
dina panta pangluhurna dina naon rupa anu kudu dirahmatan ku anu
ngagem agama Islam (bawiraos, kitu oge dina agama nu sejenna). Kaasup
hak manusa teh rasa aman tina naon rupa kacilakaan akibat laku manusa
sejenna. Atawa, henteu meunang panganiaya boh waruga oge jiwa ti
manusa lianna. Kajahatan seksual jelas eta ngarupakeun hiji wangun
kadzholiman.

Dalil sejenna anu kawentar oge nyaeta yen satemenna Nabi saw teh
diutus pikeun memeres akhlak manusa. Ceuk ustadz di lembur, dina basa
Arabna, "Innama bu'istu liutamimma makarimal akhlak" tea. Diutusna
Nabi saw teh pikeun kamulyaan akhlak manusa, lain keur papasean
marebutkeun bebeneran atawa paheula-heula jadi guru ngaji bari akhlak
diri sorangan oge masih tambalaneun (lebah dieu kuring inget kasauran
salah saurang ustadz, yen agama Islam teh eta hiji agama anu dikawitan
ku "henteu" atawa "nolak" heula, laju aya katerangan sejenna. Sakumaha
kaunggel dina tahlil "Lailaaha illallohu"...'Teu aya (heula) Pangeran,
(nembe) anging Alloh". Jadi, larapanana, nolak heula jadi guru ngaji,
kajaba lamun geus nyumponan sarat-saratna. Tapi, tunda heula anu ieu
mah, sugan kahareup aya anu ngaguar).

Balik deui kana pasoalan guru ngaji anu teu uni. Kusabab Islam teh
dianggap ukur ritual, nya ngaji oge dianggap ritual anu cukup
dicumponan ukur ku ngasupkeun murid ka pangajian atawa ka madrasah.
Teu dikontrol kumaha hasil pangajianana, kumaha guruna, jst (lebah
dieu, leres kasauran Mh). Laju, anu jadi guru oge kitu. Kusabab
ngarasa geus ibadah - karana ngajar ngaji - laju inyana henteu mawas
diri, henteu waspada kana naon rupa gogoda anu ningker unggal waktu,
di satiap tempat.

Obatna? budayakeun deui kamulyaan akhlak. Yen mulya-hinana manusa eta
gumantung akhlakna, teu pandang bulu, boh guru ngaji atawa nu diajar
ngaji, boh nu pinter atawa anu kasebut teu pinter, teu kudu ngarasa
rendah diri atawa salempang salila teu ngarempag batas-batas akhlah
anu goreng mah. Kumaha cara ngabudayakeunana? Nya urusan akhlak kudu
jadi indikator keur kahirupan, keur sakumna wae.

manar



On Wed, Dec 10, 2008 at 5:37 AM, richadiana kartakusuma
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> good, better and best
> walah... abah Willy sigana nuju di karang pamidangan, salse  yeuh
> da peurahna kaluar teras.....ngaguluyur ngahiliwir tur ngadalingding
> nyecebkeun iuh, tiis sirah ..... jongjon hate. Hatur Nuhun Abah,
>
> Tabe pun
> AMBU
> ________________________________
> From: Waluya <[EMAIL PROTECTED]>
> To: [email protected]
> Sent: Wednesday, December 10, 2008 3:14:31 PM
> Subject: Re: [kisunda] Duh, Guru Ngaji .....
>
>> From: Aschev Schuraschev
>> Gaduh usul kumaha carana ngaminimalisir kasus-kasus sapertos kieu?
>
> Para kolot kudu ati-ati we, ulah make sambarangan guru ngaji. Kudu jelas
> asal-usulna jeung kabiasaanana. Biasana di urang sok gampang kataji ku jalma
> nu anyar wanoh, pedah kacirina bageur, sholeh jeung pinter ngaji. Padahal
> ukur kamuflase wungkul ......
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke