Nu matak nu mawi .....    (budak botak ka tinggak awi).

Ceuk babaturan sapaguron,  nyarios kieu :

"Jadi jelema teh kudu bisa NGAJI NAHAN."

(nahan napsu, nahan kaambek, naha gogoda, naha dodoja, naha lapar ha...ha..ha..)

Ngaji ka jero diri,  sing saha-saha jelema ngaji kaluar tina dirina,  bakal 
sesat.

Ngaji qur'an keur dikeunakeun ka dirina, lain keur batur jeung ceuk batur.



Baktos

mz


--- On Wed, 12/10/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>










    
            Panoong si kuring mah taya lian kusabab "agama" anu dilarapkeun dina

mangsa ayeuna, bil khusus Islam, masih napak dina ngagegedekeun aspek

ritual. Atawa, ukur dimensi ritual, paling jauh ditambahan ku dimensi

mistikal anu diramekeun dina larapan ngagem agama teh. Padahal, dina

agama Islam teh - sakumaha mindeng ditepikeun - nya dimensi sosial anu

panggedena. Akhlak taya lian ti tihangna dimensi sosial.



Kawentar pisan dalil yen Islam teh kudu jadi rahmatan lil 'alamin,

rahmat keur sakabeh alam, kaasup non muslim, kaasup sasatoan jeung

tutuwuhan, lingkungan jeung sajabana. Tangtu wae, hak-hak manusa aya

dina panta pangluhurna dina naon rupa anu kudu dirahmatan ku anu

ngagem agama Islam (bawiraos, kitu oge dina agama nu sejenna). Kaasup

hak manusa teh rasa aman tina naon rupa kacilakaan akibat laku manusa

sejenna. Atawa, henteu meunang panganiaya boh waruga oge jiwa ti

manusa lianna. Kajahatan seksual jelas eta ngarupakeun hiji wangun

kadzholiman.



Dalil sejenna anu kawentar oge nyaeta yen satemenna Nabi saw teh

diutus pikeun memeres akhlak manusa. Ceuk ustadz di lembur, dina basa

Arabna, "Innama bu'istu liutamimma makarimal akhlak" tea. Diutusna

Nabi saw teh pikeun kamulyaan akhlak manusa, lain keur papasean

marebutkeun bebeneran atawa paheula-heula jadi guru ngaji bari akhlak

diri sorangan oge masih tambalaneun (lebah dieu kuring inget kasauran

salah saurang ustadz, yen agama Islam teh eta hiji agama anu dikawitan

ku "henteu" atawa "nolak" heula, laju aya katerangan sejenna. Sakumaha

kaunggel dina tahlil "Lailaaha illallohu".. .'Teu aya (heula) Pangeran,

(nembe) anging Alloh". Jadi, larapanana, nolak heula jadi guru ngaji,

kajaba lamun geus nyumponan sarat-saratna. Tapi, tunda heula anu ieu

mah, sugan kahareup aya anu ngaguar).



Balik deui kana pasoalan guru ngaji anu teu uni. Kusabab Islam teh

dianggap ukur ritual, nya ngaji oge dianggap ritual anu cukup

dicumponan ukur ku ngasupkeun murid ka pangajian atawa ka madrasah.

Teu dikontrol kumaha hasil pangajianana, kumaha guruna, jst (lebah

dieu, leres kasauran Mh). Laju, anu jadi guru oge kitu. Kusabab

ngarasa geus ibadah - karana ngajar ngaji - laju inyana henteu mawas

diri, henteu waspada kana naon rupa gogoda anu ningker unggal waktu,

di satiap tempat.



Obatna? budayakeun deui kamulyaan akhlak. Yen mulya-hinana manusa eta

gumantung akhlakna, teu pandang bulu, boh guru ngaji atawa nu diajar

ngaji, boh nu pinter atawa anu kasebut teu pinter, teu kudu ngarasa

rendah diri atawa salempang salila teu ngarempag batas-batas akhlah

anu goreng mah. Kumaha cara ngabudayakeunana? Nya urusan akhlak kudu

jadi indikator keur kahirupan, keur sakumna wae.



manar



On Wed, Dec 10, 2008 at 5:37 AM, richadiana kartakusuma

<richadianakartakusu [EMAIL PROTECTED] com> wrote:

> good, better and best

> walah... abah Willy sigana nuju di karang pamidangan, salse  yeuh

> da peurahna kaluar teras.....ngaguluyu r ngahiliwir tur ngadalingding

> nyecebkeun iuh, tiis sirah ..... jongjon hate. Hatur Nuhun Abah,

>

> Tabe pun

> AMBU

> ____________ _________ _________ __

> From: Waluya <[EMAIL PROTECTED] co.id>

> To: [EMAIL PROTECTED] .com

> Sent: Wednesday, December 10, 2008 3:14:31 PM

> Subject: Re: [kisunda] Duh, Guru Ngaji .....

>

>> From: Aschev Schuraschev

>> Gaduh usul kumaha carana ngaminimalisir kasus-kasus sapertos kieu?

>

> Para kolot kudu ati-ati we, ulah make sambarangan guru ngaji. Kudu jelas

> asal-usulna jeung kabiasaanana. Biasana di urang sok gampang kataji ku jalma

> nu anyar wanoh, pedah kacirina bageur, sholeh jeung pinter ngaji. Padahal

> ukur kamuflase wungkul ......

>

> Baktos,

> WALUYA

>

>

> 


      

    
    
        
         
        
        








        


        
        


      

Kirim email ke