BAH OCA! raraosan mah ku abdi tos diserat kieu ... ka Kang Oman " KAWALI > kabali > kasus kesepadanan bahasa fonem [w'] > [b]; bali = ari2 = placenta > KABALI (geusan ngajadi) tempat pamulangan oge panganjrekan anu disebat bajar karang pamidangan tea kaleresan situs Kawali nu ayeuna teh dug ka ayeuna aya, mangrupa lmah tonggoh di mumunggang gunung Sawal (pasamayan para karuhun). Kiwari situs Kawali teh nyaeta kakantun Prabu Wangisutah basa anjeuna tatapa numawi disebat Nihan tapak walas ... nu siya mulia Prebu raja Wastu (prasasti Kawali hiji)
Kawali salah sawios teh puseur dayeuh karajaan Galuh, anu kadaton n disebat SURAWISESA (salajengna term SURA dianggo ku katurunan Galuh dugi ka jejeg Islam > Surawisesa - Suradipati - Surasowan) Situs Kawali di Lembur Indrayasa desa Kawali, kacamatan Kawali Kabupaten Ciamis anu ayeuna disebat Astanagede teh, tempat tatapa anu kalebet tonggohna ti kadaton> Kadatonana ku anjeun masih keneh dina raraga permasalahan > seu-eur toponimi anu mengarah kadinya, naha di Bojonggaluh, Rajadesa, Karangkamulyan atanapi Utama? nu teges mah kadatuan Surawisesa sanes Astanagede ayeuna, tapi biasana di wewengkon langkung rendah (lebak). Didieu Astaagede teh kalebet wewengkon huludayeuh > hutan tutupan = leuweung larangan = leuweung ceum2an (ceumeun) (bandingkeun sareng prasasti Kebantenan > piteket ti Sri Baduga Maharaja). Kitu pembagian ruang harita .... janten kabiasaan Karuhun Sunda mah pola na sapertos kitu. Gunung Sawal teh kabuyutan (puseur sanghiyang pigeusaneun para ratu) nu utami ti karajaan Galuh, sami sareng wewengkon gunung Pamuntuan nu janten puseur Hiyang Urang Kanekes... teu benten sareng Gunung Cireme nu janten kabuyutan utami Saunggalah; oge Galunggung anu janten kabuyutan Rumatak (Sempakwaja) . Karajaan Sunda ti awit Taruma dugi ka Tarusbawa - Darmasiksa teras ka Pakwan Pajajaran teh wewengkon kabuyutanana nya Gunung Gede- Pangrango. Mung kaleresan Kawali teu disebat kabuyutan da tos jentre di Gunung Sawal, Kawali mah sesebatan kanggo puseur dayeuh. Kitu nun, Tabe pun, AMBU WIRUMANANGGAY .... " Bali = Wali > kasus [b] > [w] ke dalam pengertian Bali Geusan Ngajadi lalu berkembang menjadi nama wadah "Kuali" adalah sesuai dengan hukum bahasa > logis tetapi [Wali] lalu menjadi > wiwit bukan mendasar pada hukum bahasa tetapi arti sekundair. Karena wiwit > bibit da tidak pernah menjadi atau dari WALI apalagi SAWAL jadi harus ada penjelasan yang relevan yang logic... pan ku Kang Asep oge diemutan yen upami ngalungkeun seug aya penjelasanana ..... ulah lung... lung.... weh Tabe pun AMBU ________________________________ From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[EMAIL PROTECTED]> To: [email protected] Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:51:26 PM Subject: Re: [kisunda] Adat kakurung ku iga .... ka- wali....wali= bali=wiwit. ..ka wiwit? asal? awal? gn sawal? ka bali geusan ngajadi wali sunda, benten dareng wali arab. waduy; waluy=baduy. ....waduy= wiwit uin pernah ngaos di Baduy na Surya Sputr/Sursa tea... duka tah kumaha dina elmu basa na.... ________________________________
