Nuhun Ambu,
Sakaterang simkuring basa harita naek ka Kabuyutan Gunung Sawal, di 
puncakna teh aya tilu kulah, nu nyimbulkeun 3 luluhur panjalu, nyaeta 
Sanghiyang Tisnajati, Sanghiyang Ajiputih (Antaputih) sareng sanghiyang 
Ranggawulung, di lebah lerengna memeh tanjakan nu netek aya batu datar 
kira-kira jangkungna 80 cm, rubakna kira 1 m x 1,5 m, nu cenah patilasan 
Sanghiyang Ranggagumilang, namung dina catetan sajarah mah teu acan kapaluruh.
 
Rampes,
 
Engkus

--- Pada Kam, 11/12/08, richadiana kartakusuma 
<[email protected]> menulis:

Dari: richadiana kartakusuma <[email protected]>
Topik: [kisunda] Re: KAWALI
Kepada: [email protected]
Tanggal: Kamis, 11 Desember, 2008, 9:52 AM









BAH OCA! raraosan mah ku abdi tos diserat kieu ... ka Kang Oman 

" KAWALI > kabali > kasus kesepadanan bahasa fonem [w'] > [b]; bali = ari2 = 
placenta > KABALI (geusan ngajadi) tempat  pamulangan oge panganjrekan anu 
disebat bajar karang pamidangan tea kaleresan situs Kawali nu ayeuna teh dug ka 
ayeuna aya, mangrupa lmah tonggoh di mumunggang gunung Sawal (pasamayan para 
karuhun). Kiwari situs Kawali teh nyaeta kakantun Prabu Wangisutah basa anjeuna 
tatapa numawi disebat Nihan tapak walas ... nu siya mulia Prebu raja Wastu   
(prasasti Kawali hiji)

Kawali salah sawios teh puseur dayeuh karajaan Galuh, anu kadaton n disebat 
SURAWISESA (salajengna term SURA dianggo ku katurunan Galuh dugi ka jejeg Islam 
> Surawisesa - Suradipati - Surasowan) Situs Kawali di Lembur Indrayasa desa 
Kawali, kacamatan Kawali Kabupaten Ciamis anu ayeuna disebat Astanagede teh, 
tempat tatapa anu kalebet tonggohna ti kadaton> Kadatonana ku anjeun masih 
keneh dina raraga permasalahan > seu-eur toponimi anu mengarah kadinya, naha di 
Bojonggaluh, Rajadesa, Karangkamulyan atanapi Utama? nu teges mah kadatuan 
Surawisesa sanes Astanagede ayeuna, tapi biasana di wewengkon langkung rendah 
(lebak). Didieu Astaagede teh kalebet wewengkon huludayeuh > hutan tutupan = 
leuweung larangan = leuweung ceum2an (ceumeun)  (bandingkeun sareng prasasti 
Kebantenan > piteket ti Sri Baduga Maharaja). Kitu pembagian ruang harita .... 
janten kabiasaan Karuhun Sunda mah pola na sapertos kitu.

Gunung Sawal teh kabuyutan (puseur sanghiyang pigeusaneun para ratu) nu utami 
ti karajaan Galuh, sami sareng wewengkon gunung Pamuntuan nu janten puseur 
Hiyang Urang Kanekes... teu benten sareng  Gunung Cireme nu janten kabuyutan 
utami Saunggalah; oge Galunggung anu janten kabuyutan Rumatak (Sempakwaja) . 
Karajaan Sunda ti awit Taruma dugi ka Tarusbawa - Darmasiksa teras ka Pakwan 
Pajajaran teh wewengkon kabuyutanana nya Gunung Gede- Pangrango. Mung kaleresan 
Kawali teu disebat kabuyutan da tos jentre di Gunung Sawal, Kawali mah 
sesebatan kanggo puseur dayeuh. Kitu nun,  Tabe pun, AMBU WIRUMANANGGAY .... " 

Bali = Wali > kasus [b] > [w] ke dalam pengertian Bali Geusan Ngajadi lalu 
berkembang menjadi nama wadah "Kuali" adalah sesuai dengan hukum bahasa > logis 
tetapi [Wali] lalu menjadi > wiwit bukan mendasar pada hukum bahasa tetapi arti 
sekundair. Karena wiwit > bibit da tidak pernah menjadi atau dari WALI  apalagi 
SAWAL jadi harus ada penjelasan yang relevan yang logic... pan ku Kang Asep oge 
diemutan yen upami ngalungkeun seug aya penjelasanana ..... ulah lung... 
lung.... weh 

Tabe pun
AMBU
   



From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <roza.kalasunda@ yahoo.com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Wednesday, December 10, 2008 10:51:26 PM
Subject: Re: [kisunda] Adat kakurung ku iga ....





ka- wali....wali= bali=wiwit. ..ka wiwit? asal? awal? gn sawal?
ka bali geusan ngajadi
wali sunda, benten dareng wali arab.
waduy; waluy=baduy. ....waduy= wiwit
uin pernah ngaos di Baduy na Surya Sputr/Sursa tea...
duka tah kumaha dina elmu basa na....








 














      
___________________________________________________________________________
Nama baru untuk Anda! 
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan di domain baru @ymail dan @rocketmail. 
Cepat sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

Kirim email ke