kang agus, ieu pisan nu jadi kahariwang kang maman gantra. basa ngobrol
saeutik di wisma unpad, basa harita kisunda ngayakeun gempungan. ka kang
maman punten upama kuring salah pangmenerankeun maklum ram kuring mah leutik
jeung jore merkna :))...

kang maman nyarita, lemahna aktifis kasundaan teh palebah fund. dana pisan.
sok dimomolerkeun. dinomerduakeun. kuduna mah antara idealisme (naha nya nu
kieu teh sok jauh jeung duit heuheu) jeung dana kudu jalan babarengan. lamun
teu kitu, dijamin, aktifitas kasundaan moal bisa lana, bakal geuwat-geuwat
tigebrus kana liang hideung.

cek kang maman ieu, karasa pisan ku kuring sabatur. nyobaan iidealisan,
nyieun bacaeun keur urang sunda. perkara dana mah kuma kasamperna we.. beu
tobat gusti... enya-enya na mah bisa jalan nepi ka ayeuna. ngan eungap,
geuning. ieu proyek teh nyoceng waktu teu saeutik. perlu nyesakeun pikir
lain bantrak-bantrakeun. sedengkeun nu katarima ukur kasugemaan tan wates
wangen. sedengkeun kasugemaan ukur guna jeung parab hate. lamun beuteung
geus kukurubukan mah keukeuh menta sangu heuheu... hasilna... proyek kuring
hasilna ukur sakitu ayana....

maksud kuring mah, salian ti idealisme nu keyeng, aktifis kasundaan ge kudu
bisa bari neangan hirup ti dinya. ngarah waktu jeung pikiranana oge pol
polan di dinya....

On Wed, Dec 17, 2008 at 8:47 AM, agus wrote:

>   sumuhun leres kang,...
> perpaduan abdi sareng kang oca wae ngajantenkeun sinergi nu sae tina
> salah sahiji kagiatan boh kala sunda atanapi bisnis iket.
> tiasa silih bantos, silih dukung ,ku widangna masing2.
>
> berangkat ti eta, da fund na mah nuturkeun ,mun geus waktuna datang
> rejekina

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke