wilujeng atuh, ari nju diajar "BERSAHAJA" mah ieu teh tingkat neuleuman HIRUP anu pang-sesah2na, pang jero2na, pang beurat2na!
cag AMBU ________________________________ From: agus <[email protected]> To: [email protected] Sent: Saturday, December 20, 2008 12:01:43 PM Subject: [kisunda] Re: TANTANGAN BUAT KANG HALIMUN hariwang kuring oge langkung eces dina ngalakonan dilapangan kagiatan kasundaan, sabab mun urang anclum dina kasundaan ,kudu geus siap menghadapi tantangan lahir bathin,... tina pamanggih simkuring, aya hiji elmu nu kapanggih dina diri, nyaeta mun urang edek ngalampah dina kasundaan di na prak-prakan, ... urang kudu ENJOY. pami teu enjoy, sok kajebak ku aral, kuciwa, emosi jeung kukulutus. tah, ieu nu nuju di ajarkeun ka diri kuring, mudah2an lulus. nembe kamari aya pependakan oge, nyaeta,... urang kudu BERSAHAJA. tah, ieu beurat kang,... tapi unik na, ku simkuring di cobian di lapangan komunitas kasundaan. aya hiji conto, simkuring hadir ka event kasundaan, diantawisna : terima kasih bandung (sabuga-itb) , bammus jabar (gedung indonesia menggugat), seminar di gedung kompas (ngabahas demokrasi di pilbup garut), dsb,.. dihaja make iket sunda. tah,... aya nu unik,... kahiji, iket sunda jadi daya tarik nu sae, teu saeutik nu ningali kuring (lain sabab kasep, tapi unik ningali iket sim kuring) da teu ujug2 jol aya nu ngadeukeutan, naroskeun tentang iket,... tidinya, kuring jadi diajar someah, diajar bersahaja, da bongan make iket sunda, jadi kudu tiasa mempresentasikeun kasundaan,.. . didieu kuring mikir,... ternyata efek pemakaian iket sunda teu beda jeung wanoja make jilbab,... aya aura nu timbul, nu ngiket urang kudu jadi alus laku lampahna,... minimal teu pikasebeleun, perkawis waragad,... abdi sepakat sareng kang oca, ngajalankeun kasundaan, urang oge sadar kudu make duit , meh lancar... mung, urang teu kudu kahambat ku aya euweuhna eta sakadang duit,... da ngeureuyeuh mah,... terus weh dilakonan,.. . nu penting kusabab butuh duit, kuring kudu ngawadalkeun sikap kasundaan, alim ah,... keun weh da suatu saat aya kapanggih jodona, uing panggih jeung anu beunghar nu boga nurani keur ngilu partisipasi kana langkah kuring ngadegkeun kasundaan. janten akang, abdi mah alim di perbudak duit, keun weh engke oge nuturkrun sorangan, pami tos kabuktian yen gerakan misi kasundaan tiasa selaras dengan bisnis yang menghasilkan, ... someday ,terwujud, ngajadi.... mun tos ngajadi,... ngiringan ngarojong nya,....??? amiin, =roche= --- In kisu...@yahoogroups .com, "ua duq" <dudi.herlianto@ ...> wrote: > > kang agus, ieu pisan nu jadi kahariwang kang maman gantra. basa ngobrol > saeutik di wisma unpad, basa harita kisunda ngayakeun gempungan. ka kang > maman punten upama kuring salah pangmenerankeun maklum ram kuring mah leutik > jeung jore merkna :))... > > kang maman nyarita, lemahna aktifis kasundaan teh palebah fund. dana pisan. > sok dimomolerkeun. dinomerduakeun. kuduna mah antara idealisme (naha nya nu > kieu teh sok jauh jeung duit heuheu) jeung dana kudu jalan babarengan. lamun > teu kitu, dijamin, aktifitas kasundaan moal bisa lana, bakal geuwat-geuwat > tigebrus kana liang hideung. > > cek kang maman ieu, karasa pisan ku kuring sabatur. nyobaan iidealisan, > nyieun bacaeun keur urang sunda. perkara dana mah kuma kasamperna we.. beu > tobat gusti... enya-enya na mah bisa jalan nepi ka ayeuna. ngan eungap, > geuning. ieu proyek teh nyoceng waktu teu saeutik. perlu nyesakeun pikir > lain bantrak-bantrakeun. sedengkeun nu katarima ukur kasugemaan tan wates > wangen. sedengkeun kasugemaan ukur guna jeung parab hate. lamun beuteung > geus kukurubukan mah keukeuh menta sangu heuheu... hasilna... proyek kuring > hasilna ukur sakitu ayana.... > > maksud kuring mah, salian ti idealisme nu keyeng, aktifis kasundaan ge kudu > bisa bari neangan hirup ti dinya. ngarah waktu jeung pikiranana oge pol > polan di dinya.... > > On Wed, Dec 17, 2008 at 8:47 AM, agus wrote: > > > sumuhun leres kang,... > > perpaduan abdi sareng kang oca wae ngajantenkeun sinergi nu sae tina > > salah sahiji kagiatan boh kala sunda atanapi bisnis iket. > > tiasa silih bantos, silih dukung ,ku widangna masing2. > > > > berangkat ti eta, da fund na mah nuturkeun ,mun geus waktuna datang > > rejekina >
