hariwang kuring oge langkung eces dina ngalakonan dilapangan kagiatan
kasundaan,
sabab mun urang anclum dina kasundaan ,kudu geus siap menghadapi
tantangan lahir bathin,...

tina pamanggih simkuring, aya hiji elmu nu kapanggih dina diri, nyaeta
 mun urang edek ngalampah dina kasundaan di na prak-prakan,... urang
kudu ENJOY.
pami teu enjoy, sok kajebak ku aral, kuciwa, emosi jeung kukulutus.

tah, ieu nu nuju di ajarkeun ka diri kuring, mudah2an lulus.
nembe kamari aya pependakan oge, nyaeta,... urang kudu BERSAHAJA.
tah, ieu beurat kang,... tapi unik na, ku simkuring di cobian di
lapangan komunitas kasundaan.
aya hiji conto, simkuring hadir ka event kasundaan, diantawisna :
terima kasih bandung (sabuga-itb), bammus jabar (gedung indonesia
menggugat), seminar di gedung kompas (ngabahas demokrasi di pilbup
garut), dsb,.. dihaja make iket sunda.
tah,... aya nu unik,... kahiji, iket sunda jadi daya tarik nu sae, teu
saeutik nu ningali kuring (lain sabab kasep, tapi unik ningali iket
sim kuring) da teu ujug2 jol aya nu ngadeukeutan, naroskeun tentang
iket,... tidinya, kuring jadi diajar someah, diajar bersahaja, da
bongan make iket sunda, jadi kudu tiasa mempresentasikeun kasundaan,... 
didieu kuring mikir,... ternyata efek pemakaian iket sunda teu beda
jeung wanoja make jilbab,... aya aura nu timbul, nu ngiket urang kudu
jadi alus laku lampahna,... minimal teu pikasebeleun,

perkawis waragad,... abdi sepakat sareng kang oca, ngajalankeun
kasundaan, urang oge sadar kudu make duit , meh lancar... 
mung, urang teu kudu kahambat ku aya euweuhna eta sakadang duit,... da
ngeureuyeuh mah,... terus weh dilakonan,... nu penting kusabab butuh
duit, kuring kudu ngawadalkeun sikap kasundaan, alim ah,... keun weh
da suatu saat aya kapanggih jodona, uing panggih jeung anu beunghar nu
boga nurani keur ngilu partisipasi kana langkah kuring ngadegkeun
kasundaan.

janten akang, abdi mah alim di perbudak duit, keun weh engke oge
nuturkrun sorangan, pami tos kabuktian yen gerakan misi kasundaan
tiasa selaras dengan bisnis yang menghasilkan,...
someday ,terwujud, ngajadi....
mun tos ngajadi,... ngiringan ngarojong nya,....???

amiin,

=roche=



 
--- In [email protected], "ua duq" <dudi.herlia...@...> wrote:
>
> kang agus, ieu pisan nu jadi kahariwang kang maman gantra. basa ngobrol
> saeutik di wisma unpad, basa harita kisunda ngayakeun gempungan. ka kang
> maman punten upama kuring salah pangmenerankeun maklum ram kuring
mah leutik
> jeung jore merkna :))...
> 
> kang maman nyarita, lemahna aktifis kasundaan teh palebah fund. dana
pisan.
> sok dimomolerkeun. dinomerduakeun. kuduna mah antara idealisme (naha
nya nu
> kieu teh sok jauh jeung duit heuheu) jeung dana kudu jalan
babarengan. lamun
> teu kitu, dijamin, aktifitas kasundaan moal bisa lana, bakal
geuwat-geuwat
> tigebrus kana liang hideung.
> 
> cek kang maman ieu, karasa pisan ku kuring sabatur. nyobaan iidealisan,
> nyieun bacaeun keur urang sunda. perkara dana mah kuma kasamperna
we.. beu
> tobat gusti... enya-enya na mah bisa jalan nepi ka ayeuna. ngan eungap,
> geuning. ieu proyek teh nyoceng waktu teu saeutik. perlu nyesakeun pikir
> lain bantrak-bantrakeun. sedengkeun nu katarima ukur kasugemaan tan
wates
> wangen. sedengkeun kasugemaan ukur guna jeung parab hate. lamun beuteung
> geus kukurubukan mah keukeuh menta sangu heuheu... hasilna... proyek
kuring
> hasilna ukur sakitu ayana....
> 
> maksud kuring mah, salian ti idealisme nu keyeng, aktifis kasundaan
ge kudu
> bisa bari neangan hirup ti dinya. ngarah waktu jeung pikiranana oge pol
> polan di dinya....
> 
> On Wed, Dec 17, 2008 at 8:47 AM, agus wrote:
> 
> >   sumuhun leres kang,...
> > perpaduan abdi sareng kang oca wae ngajantenkeun sinergi nu sae tina
> > salah sahiji kagiatan boh kala sunda atanapi bisnis iket.
> > tiasa silih bantos, silih dukung ,ku widangna masing2.
> >
> > berangkat ti eta, da fund na mah nuturkeun ,mun geus waktuna datang
> > rejekina
>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke