Anu aya dina Al Qur'an mah katerangan ngeunaan legana sawarga, nyaeta
salega langit jeung bumi anu dicawiskeun pikeun jelema-jelema anu
taraqwa (QS surah Ali Imron ayat 133, laju dina surah anu sarua, ayat
134-135 dijelaskeun ngeunaan (diantara) tanda-tanda jelema anu taqwa.
Ngeunaan legana naraka mah asa teu aya katerangan, boh dina Al Qur'an
atawa Al-Hadist.

Ngan, tangtu wae, eta gambaran ngeunaan legana sawarga anu kasebut
diluhur teh ulah dibaca atawa dihartikeun saujratna. Eta mah leuwih
condong gambaran wae. Hal ieu luyu jeung ayat sejenna anu netelakeun
yen ampunan Alloh ngalimpudan (melingkupi) murkaNa. Tegesna,
jamaliyyah-Na ngalimpudan jalaliyyah-Na.

manar

On Wed, Dec 17, 2008 at 10:02 PM, ua duq <[email protected]> wrote:
> kabayang meureun, ganjorna lega sawarga jeung naraka... encan mun diitung,
> ayana islam teh karek 14 abad... saacanna? boa boa persentase nu asup sorga
> jauh leuwih saeutik. encan deuih diitung muslim nu asup naraka... wah...
> kabayang lah...
>
> eh atawa masih legaan sawarga  nya? da sahulu nu aya di sawarga mah bisa
> meakeun manghektar-hektar lahan, bisa ngarewu jigana. sedeng di naraka
> paling lega ukur sagede buledan jariji sapanjang awak. luas minimal meh
> laluasa adug songkol...
>
> :))
>
> 2008/12/17 Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]>
>>
>> enya, lamun 6milyar sadunya
>> 800yuta muslim
>> 5,2 milyar KAFIR!
>> ._,___
>
>
> --
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke