Tah...kuring kataji pisan ku ASUMSI AWAL. Ieu anu baris nangtukeun
sagalana dina prak-prakanana. Sabab, naon wae tindakan jelema, pasti
dumasar kana asumsi-asumsi anu dicekel ku eta jelema. Pon kitu keneh,
asumsi-asumsi ieu anu jadi hakim pikeun pangbalikan sarerea dina
mernahkeun hiji pasoalan lamun aya pacogcegan ngeunaan eta pasoalan.

Contona wae, lamun asumis urang Nabi atawa Rosululloh saw anu kudu
diturutan teh manusa suci atawa anu ma'shum tina sagala tindakan anu
kacawad, tangtu moal aya atawa moal mungkin aya hadist anu eusina
ngebrehkeun hal anu papalingpangan jeung eta asumsi. Implikasina,
lamun aya hadist anu sarupa kitu, nya kudu ditolak. Tapi, lamun
keukeuh aya golongan anu nyebutkeun yen Rosul saw oge manusa biasa
(dina harti tingkah lakuna sarua jeung manusa sejenna, bisa nyieun
kasalahan), tah dina lebah dieu geus aya dua asumsi anu beda. Diskusi
atawa debat nepi ka iraha wae moal kapanggih diantara dua golongan anu
cecekelan asumsina kana hiji hal geus beda. Cindekna, ASUMSI penting
pisan dipaheutkeun ti awal diskusi.

Jadi...hidup asumsi! ....:)

manar

On Fri, Dec 19, 2008 at 4:57 PM, mh <[email protected]> wrote:
> jigana mah kumaha asumsi awalna eta teh.
> lamun asumsi awalna pangeran teh MAHA SAGALANA,
> nya naon hesena, da sawarga jeung naraka apan beunang MANEHNA keneh.
>
> mun mangkeluk ciptaan pangeran BADAG teuing, naon hesena di kompres,
> dileutikan.
> pasti algoritma kompresi pangeran mah bakal pang efisien-na.
>
> mun ruang sawarga jeung naraka HEUREUT teuing, naon hesena dilegaan wadahna.
> tukang komputer nyieun wadah keur nampung komputer sadunya, make wadah 32
> bit,
> bisa nampung 2^32 (4,294,967,296) ese . kulantaran mangkeluk nu asup
> internet
> tamabah loba, kiwari lega wadahna 128 bit, bisa nampung 2^128
> (sekitar 3.4×10^38).
>
> kulantaran kitu, NAON HESENA keur pangeran, ukur nyadiakeun tempat
> keung nampung
> mangkeluk di sawarga jeung naraka.
>
> salam,
> mh
>
> On Thu, Dec 18, 2008 at 2:02 PM, ua duq <[email protected]> wrote:
>> kabayang meureun, ganjorna lega sawarga jeung naraka... encan mun diitung,
>> ayana islam teh karek 14 abad... saacanna? boa boa persentase nu asup
>> sorga
>> jauh leuwih saeutik. encan deuih diitung muslim nu asup naraka... wah...
>> kabayang lah...
>>
>> eh atawa masih legaan sawarga nya? da sahulu nu aya di sawarga mah bisa
>> meakeun manghektar-hektar lahan, bisa ngarewu jigana. sedeng di naraka
>> paling lega ukur sagede buledan jariji sapanjang awak. luas minimal meh
>> laluasa adug songkol...
>>
>> :))
>>
>> 2008/12/17 Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]>
>>>
>>> enya, lamun 6milyar sadunya
>>> 800yuta muslim
>>> 5,2 milyar KAFIR!
>>> ._,___
>>
>>
>> --
>> d-: dudi herlianto :-q
>> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>>
> 

------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[email protected] 
    mailto:[email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke