naon sababna jalma nu ningalkeun agama bakal ngabalukarkeun hal anu goreng
(di dunya, da di aherat mah can ngalaman)?
jawabanna eta cek kuring mah kusabab aya anggapan jalan kahadean ukur aya
dina agama. nu cilakana hal ieu jadi cecepengan jalma kalolobaanana. agama
ukur dijadikeun istal, pangerem kuda. tah nu nganggap jalan kahadean ukur
dina agama teh lir ibarat kuda lieur (baca:liar haha). dina waktuna istal
burakrakan, teu mampuh nedunan kalieuran eta kuda, sagala nu disanghareupan
dipahpral, asup kana paribasa 'tunggul dirarud catang dirempak'.

-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

Kirim email ke