Rupina tiasa kelap-kelip kadang nyigeung kadang henteu, tapi rupina teu
kedah drastis supados teu dihubung-hubungkeun. Pangingten ari sains mah
fokus kana ngaeksplorasi tina sisi akal, nalar di sisi sanes agama mah aya
bagean nu teu cekap  nalar hungkul, aya bagean nu ghoib. Nu peryogi diemutan
nu janten constraint panginten ngangge akal teh aya watesna, oge yuswa nu
ngaeksplore aya watesna, nya kahade bae sasab di jalan.

salam
tohaan

2008/12/23 Waluya <[email protected]>

>   > From: Aschev Schuraschev
> > Dijawab: Salaku nu percaya ka Panggeran nu Maha Nyiptakeun, tangtosna
> > bakal naros, saha nu nyiptakeun jagat raya nu
> > kawitna jiga bal tennis? Maha Suci Pangeran nu Maha Nyiptakeun.
>
> Leres Kang Asep, ngan nyaeta kuring mah belet kana teori big bang komo
> stephen Hawking mah, hese ngabayangkeunana. Ngan hiji hal nu tiasa
> dilenyepan ku kuring kana artikel Karlina, yen sajarah hubungan sains jeung
>
> ageman, sakapeung "siga" nyambung, tapi hiji waktu, patulang tonggong,
> terus
> nyambung deui, terus patulang tonggong deui. Jadi ari ceuk kuring mah, aya
> alusna Sains jeung Ageman teu kudu dihubung-hubungkeun ...........
>
> Baktos,
> WALUYA
>
> 
>

Kirim email ke