> From: Wahyudi [email protected]
> 1. Dari Atomos Hingga Quark; Hans J. Wospakrik; KPG Mei 2005
Tah Jenatna Hans Wospakrik nu nyababkeun kuring mimiti mikir, boa-boa ageman
jeung sains teh ulah dihubung-hubungkeun. Mas Hans lanceuk kelas, ngan beda
jauh, kuring kakara asup ka jurusan Fisika, Mas Hans mah geus nyieun tugas
akhir jeung asisten Prof. Barmawi. Hans sok mere asistensi dina mecahkeun
soal-soal dina mekanika klasik nu diajarkeun ku Pa Barmawi. Hans Wospakrik
kacida pinterna, tugas akhirna fisika teori, lamun teu salah mah
astrofisika. Waktu Hans kolokium tugas akhirna, der ..jadi rame, tina teori
fisika jadi perkara sawarga jeung naraka. Nu mawa rame debat, Pa Pantur
Silaban, saurang dosen Fisika Teori.
Keur kuring nu kakara diajar, ditambah belet, perdebatan ieu kalahka nambah
teu ngartina, tapi resep jadi bahan hog-hag teu puguh lamun ririungan jeung
babaturan. Ngan lila-lila jadi mikir boa-boa sains jeung agama teh teu bisa
dihubung-hubungkeun, fisika mah sains, ari sawarga-naraga mah perkara
ageman......
Baktos,
WALUYA
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
mailto:[email protected]
mailto:[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/