arsitek? heuleuh ... dang OCA teh kampanye atuh... apan kang OCA teh ARCHITECT 
... lin? nya mangga bee atuh ku Kang OCA.....

sabab abdi mah ngunduh data teh tina sumberna anu kontemporer sareng jamanna 
harita keneh, tur kitu FAKTA jeung kanyataan anu ditulis saGEMBLENGna dina 
naskah karyasastra tur PRASASTI ...  istuning lain JIJIEUNAN, NGARANG SORANGAN 
atawa kenging NGIMPLENG tinu GAIB....hanteuuuuuuuuuu abdi mah hateu kitu, sok 
mangga buktoskeun ! ! !
ayeuna mun rek kumpul carita ti nu GAIB na kumaha lamun diseminarkeun nya rieur 
atuh..... cara hiji2na nya BUKTOS... dikieuna... hih!

doraka atuh abdi ngarang tuluy nyanyahoanan kana karya KARUHUN
ambuing PARALUN teuing

tah ISTANA SUNDA teh teu beda jeung nu disebut SAUNGGALAH
Urang Sunda mah tara aneh2.... basajan wae katingalina tapi SEUSEUKEUT na JERO 
kacida, sanes AGRENG di luar tapi DEET diJERO (punten sanes AGUL) 

tingali deui KABUYUTAN (bandingkeun), eta bangunan suci URANG SUNDA tara 
meMODIFIKASI, tetapi mengIMPOSISI ka alam, numatak wangunan suci (nu ceuk JAWA 
mah "CANDI" tea) bentukna teras berundak bae dilengkapi PUNDEN (tempat/ lahan 
tersuci = PADA AGEUNG) > dibangun dari batu2 anu teu ditatah, eu diparulay 
pariley.... saayana bentuk jeung bahanna wae

pon kitu di KAWALI, geuning nu disebut "sanghiyang LINGGA HIYANG" teh kitu 
wae.... eta LINGGA lambang konsentrasi ka HIYANG teh kitu wae, ukur batu alami 
ditangtungkeun (=menhir anu kontinuitas ti mangsa samemehna > Prasejarah), 
dibandingkeun jeung lingga di JAWA (leubeut ku hiasan) mah beda pisan.
pon kitu deuih sami anu disebat "sanghiyang LINGGA BINGBA" oge sami bae BINGBA 
teh tina WIMBHA (= perwujudan = arca)  kitu be deuih sami mangrupa menhir 
prasejarah 

tah kitu SUNDA mah alami sagalana oge.... contona nu nyata Kabuyutan Sasaka 
Domas ge kitu... ngalambangkeun Urang Sunda urang tara NGARUKSAK lingkungan 
alam komo meng-eksploitasi mah... abuing cadu

sabab nyekel kana papagon.... yen satalanjang anu dibikeun ti alam satalanjang 
nu dibalikeun ka alam, jadi urang di gubrag ka buana panca tengah teh dina alam 
rawayan anu boga tugas MULASARA lain ngaruksak ALAM tur lingkungan 

pon kitu konsepna kana rawayan jati teh, urang dilahirkeun suci (orok) tah 
engke dina balik deui ge sa-BISA2 kdah sasuci orok deui, eta we heula, dang OCA

Tabe pun ingsun
AMBU



________________________________
From: Roza Rahmadjasa Mintaredja <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 7, 2009 8:28:33 PM
Subject: Re: [kisunda] patarosan


jajarkeun we, sadaya hasil tinu gaib teh
pakuat kuat gaib engkena
kabeh gen mo aya nu nyaho kumaha wangunan kadatwan teh
naon hesena mun aya elmu , 'nanya' ka si Arsitekna?
pan ecessss tah
heheheeee




________________________________
From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Tuesday, January 6, 2009 4:01:06 PM
Subject: Re: [kisunda] patarosan


muhun tapi kahade eta mah wangunanana bet siga kawas2 Masjid Timur Tengah, 
hanteu sami sareng anu dicaritakeun dina Naskah2

yen istana Sunda teh dina prasasti Kawali disebatna KADATON
oge sok wae nganggo unsur SURA > hiji deui wangunan kadatuan 
Sri Bima - Punta - Narayana - Madhura - Suradhipati
eta teh aya lima wangunan anu utami, ngajajar siga benteng ..... 
margi PAKWAN teh tina pa - kuwu (=kubu = pertahanan)- an

cobi diemut deui naha enya leres eta anu dina HANJUANG BODAS, Majalah Wedalan 
BOGOR teh kadatuan Pakwan Pajajaran ???????????? ?

Tos wayahna urang kdah KRITIS, ulah nampi kitu wae
margi aya ciri KHAS wangunan kadaton Sunda (aos Kabuyutan ti Galunggung) nyaeta 
saunggalah > saung = wangunan imah; galah = panjang 
janten logikana gurbrag kana IMAH PANJANG.... 
ciri khas NUSANTARA ti jaman tacan "bakekok" ..... 
kumaha bae istana2 anu aya di masyarakat Tradisional urang .... 
khususna Malayu Austronesia. ... nu di Kalimantan, si Sulawesi, di Pagarruyung 
(Sumatra) dllsb dll jrrd jstn......

Bahwa Urang Sunda mah meh tara ngaleupaskeun budaya karurun (anu wiwitan) oge 
tercermin tina wangunan2 suci (bangunan suci) muaeta sanes wangunan candi kawas 
India anu dikeukeupan ku JATENG JATIM, tapi tumetep ka KARUHUNna nu ASAL nyaeta 
continuitas budaya dari sejak tradisi budaya Megalitik... . nyaeta neraskeun 
bangunan TERAS BERUNDAk.... yang alami dan menyatu dengan alam lingkungan 
kebudayaannya.

Cag ! 

Tabe pun ingsun
AMBU WIRUMANANGGAY 
 


________________________________
From: ua duq <dudi.herlianto@ gmail.com>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Tuesday, January 6, 2009 3:43:14 PM
Subject: Re: [kisunda] patarosan


cobi pilarian majalah hanjuang bodas, medal di bogor. upama teu salah aya 
gambar karaton pajajaran di salasahiji beubeungeutan edisina. punten pasna mah 
hilap dai.. mun teu salah deui, eta gambar teh ngarupakeun wangwangan hiji 
tokoh gaib kasundaan...

o enya eta karaton teh dinamian sri bima punta narayana madura suradipati. aya 
lima wangunan cenah. ceuk pa anis mah ngajajar ka tukang. bima panghareupna, 
suradipati pangtukangna. tapi aya oge nu ngomong nyagigir, ngajajar ngenca 
ngatuhu...

sakitu pateuingan ti kuring....

:))


On Mon, Jan 5, 2009 at 9:19 PM, nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id> 
wrote:

sampurasun.. .
bde narosumpami karaton karajaan pajajaran nu di bogor th kumaha
rupina?ah... ngring, tumaros,,,nepangken abdi ti bandung...

_,___ 


-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~

 
    


      

Kirim email ke