sanes nyanyahoanan, naha bet bulak-balik dekok... pan ku abdi eta teh tosa 
diocarioskeun didieu siga kitu pisan peresis, nya numawi ari kapendak mah moal, 

tapi anu janten inti pembicaraan di dieu teh apan BENTUK WANGUNAN KADATUAN, na 
kumaha ari dadang AGUS ROCHE  teh ?

dibandingkeun sareng naskah CIBURUY (kabuyutan ti Galunggung) ngangken 
SAUNGGALAH istana na teh! nya diterjemahkeun sesuai istiah eta hartosna SAUNG 
PANJANG ....... ngajajar kasisi ka gigir..... ayeuna ku urang bandingkeun 
sareng istana2 nu aya keneh dikieuna i etnis2 NUSANTARA (sanes ISTANA 
MERDEKA... eta mah KOLONIAL) > nyaeta 
istana RAJA LUWU (di Sulawesi)   

istana Raja Banjar (Kalimantan)
istana Pagar Ruyung (Sumatra)

tae eta SAMI siga kitu wangunan ISTANA teh nyaeta 
sami bae sareng istilah SAUNG GALAH ! raja saunggalah ngalih ka PAKWAN nempatan 
Sriman Sriwacana anu terdiri dari SRI BIMA PUNTA NARAYANA MADHURA SURADHIPATI > 
SAUNGNA NGAJAJAR AYA LIMA ....

Pasti! tur TEGES! tina bahan rusak (ku abdi disebatkeun oge) Scipio nyebatkeun 
tina tihang kayu ...... ti jaredig sagede2 tong anggur Portugis
oge istana KAWALI nu disebat SURAWISESA teh kitu tina kai da basa Prabu 
Wangisuthah anjeneng raja (Prebu Raja Wastu) anjeuna oge ngomean (nu mamahayu 
na kadatuan Surawisesa) jadi unggal2 perlu dilereskeun teh CICIREN apan bahan 
WANGUNAN teh TIDAK PERMANEN. 

cag
AMBU WIRUMANANGGAY 




________________________________
From: agus rohaendi <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Wednesday, January 7, 2009 10:58:31 AM
Subject: Re: [kisunda] Re: patarosan;SUNDA KIWARI ;SUNDA NU NYARI


lebet logika oge,...
wewengkon pajajaran mah euweuh tapakna, cigana aya hubunganana jeung material 
nu dipake keur wewengkon eta.

cigana gampang rusak, lain ku teu nyari nyieun imah, tapi cigana sunda mah 
bersatu dengan alam, memakai material yang berasal dari alam, matakna mun imah 
sunda geus teu dipake deui, bersatu deui jeung alam lingkungan, hehehe,... meni 
nyanyahoanan nya abdi,...

ah,... kuring mah teu paduli bareto karajaan sunda teh boga istana nu gede 
atawa nu megah, teu paduli, nu penting mah karakter jeung tatanan madaniah na 
nu bisa jadi warisan nu penting,...
keur naon eta candi borobudur sakitu gedena,.... mun teu bisa ngajadikeun 
tatanan masyarakat sekitarna jadi alus???
prostitusi, ke zholiman penguasa merajalela, teu daek maca kana catatan 
sejarahna,.. .

sunda teu kudu boga candi nu gede, nu penting tatanan budi pekerti sunda bisa 
nerap ka katurunanana, ... kitu panginten kakang prabu???

cenah kang halimun yakin taun 2009 ieu dek aya nu muncul di sunda.....

sok atuh kang imun,.. buktikeun, 
tong ciga mama laurent, ki joko bodo, ki gendeng,  
jeung nanaonan urang ngaributkeun ramalan??? ciga teu yakin Gusti teu nyaah ka 
manusa????
hayang nanaon mah, tinggal ngomong weh ka Gusti. Anjeuna nu bisa ngarobah tanpa 
syarat nanaon,
tong menta ka jin ka dukun ka pajabat atawa kanu pinter,.... ka GUsti weh, 
Anjeuna Maha sagalana.
 sunda kiwari sunda nu urang sarerea,...  lain nu sewang2an.
mun kuduna sunda ayeuna nanjeur,... lain ku saurang dua urang, tapi ku 
kakompakan.

hayu urang kompak


--- On Wed, 1/7/09, richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. 
com> wrote:

From: richadiana kartakusuma <richadianakartakusu m...@yahoo. com>
Subject: Re: [kisunda] Re: patarosan
To: kisu...@yahoogroups .com
Date: Wednesday, January 7, 2009, 9:13 AM


sakali deui
TONG MILARIAN DI BOGOR, PABALIUT KEH! OGE TONG MISAHKEUN WEWENGKON NUMUTKEUN 
GEOGRAFIS AYEUNA, BENTEN SARENG WEWENGKON KEKUASAAN KAPUNGKUR (Karajaan Galuh 
wae kuasana dugi ka Jawa Timur? na kumaha ieu teh, kekeh wae?)

oge tilas istana mah mah wangunana teu sa-weweg wangunan kaagamaan eta mah adat 
tradisi jalma kitu. Cobi bandingkeun! dimana-mana wangunan kanggo kaagamaan 
langkung tohaga batan saung panganjrekan, janten dina sa-runtuh2na oge wangunan 
kaagamaan mah moal ambruk2 teuing, ari wangunan imah mah bahan2na langkung 
lemah biasana numawi cpat runtuh
kitu logikana....

cag
AMBU 

 





________________________________
From: nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id>
To: kisu...@yahoogroups .com
Sent: Tuesday, January 6, 2009 1:43:35 AM
Subject: [kisunda] Re: patarosan


sampurasun.. umpami abdi ninggali sajarah sunda, sunda th gaduh sajarah
anu panjang jeng ageng..ti mimiti salakanagara (masih di titenan bener
hetena)dugi ka pjajaran runtag ku karajaan islam....
tapi dina eta jalan sajarah saetik pisan paninggalan sajarahna,, nu
utamina kana wangunan2...
umpami nyariosken kana wangunan denah karaton, karajaan sunda nu di
bogor saetik pisan data nu aya...
komo dei nepi ka sapertos kumaha wangunan waktos eta ti mulai rakyat
dugi ka wangunan karaton...
abdi kenging data hal karaton pajajaran ti na internet jeng tome pires
jeng era2 dei,,,tapi ku simabdi di tinggali eta can ngawakilan
sadayana atanapi te acan ngabentuk sahi kebudayaan utuh
pajajaran... umpami.bapak, ibu, kakak, adak saudara gaduh data atanapi
tempat anu kudu simabdi di taluntik abdi hoyong di pasihan terang...
data eta boh nami jalmi, buku, tempat jeng rea-rea deui... 


 
    


      

Kirim email ke