lebet logika oge,... wewengkon pajajaran mah euweuh tapakna, cigana aya hubunganana jeung material nu dipake keur wewengkon eta.
cigana gampang rusak, lain ku teu nyari nyieun imah, tapi cigana sunda mah bersatu dengan alam, memakai material yang berasal dari alam, matakna mun imah sunda geus teu dipake deui, bersatu deui jeung alam lingkungan, hehehe,... meni nyanyahoanan nya abdi,... ah,... kuring mah teu paduli bareto karajaan sunda teh boga istana nu gede atawa nu megah, teu paduli, nu penting mah karakter jeung tatanan madaniah na nu bisa jadi warisan nu penting,... keur naon eta candi borobudur sakitu gedena,.... mun teu bisa ngajadikeun tatanan masyarakat sekitarna jadi alus??? prostitusi, ke zholiman penguasa merajalela, teu daek maca kana catatan sejarahna,... sunda teu kudu boga candi nu gede, nu penting tatanan budi pekerti sunda bisa nerap ka katurunanana,... kitu panginten kakang prabu??? cenah kang halimun yakin taun 2009 ieu dek aya nu muncul di sunda..... sok atuh kang imun,.. buktikeun, tong ciga mama laurent, ki joko bodo, ki gendeng, jeung nanaonan urang ngaributkeun ramalan??? ciga teu yakin Gusti teu nyaah ka manusa???? hayang nanaon mah, tinggal ngomong weh ka Gusti. Anjeuna nu bisa ngarobah tanpa syarat nanaon, tong menta ka jin ka dukun ka pajabat atawa kanu pinter,.... ka GUsti weh, Anjeuna Maha sagalana. sunda kiwari sunda nu urang sarerea,... lain nu sewang2an. mun kuduna sunda ayeuna nanjeur,... lain ku saurang dua urang, tapi ku kakompakan. hayu urang kompak --- On Wed, 1/7/09, richadiana kartakusuma <[email protected]> wrote: From: richadiana kartakusuma <[email protected]> Subject: Re: [kisunda] Re: patarosan To: [email protected] Date: Wednesday, January 7, 2009, 9:13 AM sakali deui TONG MILARIAN DI BOGOR, PABALIUT KEH! OGE TONG MISAHKEUN WEWENGKON NUMUTKEUN GEOGRAFIS AYEUNA, BENTEN SARENG WEWENGKON KEKUASAAN KAPUNGKUR (Karajaan Galuh wae kuasana dugi ka Jawa Timur? na kumaha ieu teh, kekeh wae?) oge tilas istana mah mah wangunana teu sa-weweg wangunan kaagamaan eta mah adat tradisi jalma kitu. Cobi bandingkeun! dimana-mana wangunan kanggo kaagamaan langkung tohaga batan saung panganjrekan, janten dina sa-runtuh2na oge wangunan kaagamaan mah moal ambruk2 teuing, ari wangunan imah mah bahan2na langkung lemah biasana numawi cpat runtuh kitu logikana.... cag AMBU From: nurzaman_sej05 <nurzaman_sej05@ yahoo.co. id> To: kisu...@yahoogroups .com Sent: Tuesday, January 6, 2009 1:43:35 AM Subject: [kisunda] Re: patarosan sampurasun.. umpami abdi ninggali sajarah sunda, sunda th gaduh sajarah anu panjang jeng ageng..ti mimiti salakanagara (masih di titenan bener hetena)dugi ka pjajaran runtag ku karajaan islam.... tapi dina eta jalan sajarah saetik pisan paninggalan sajarahna,, nu utamina kana wangunan2... umpami nyariosken kana wangunan denah karaton, karajaan sunda nu di bogor saetik pisan data nu aya... komo dei nepi ka sapertos kumaha wangunan waktos eta ti mulai rakyat dugi ka wangunan karaton... abdi kenging data hal karaton pajajaran ti na internet jeng tome pires jeng era2 dei,,,tapi ku simabdi di tinggali eta can ngawakilan sadayana atanapi te acan ngabentuk sahi kebudayaan utuh pajajaran... umpami.bapak, ibu, kakak, adak saudara gaduh data atanapi tempat anu kudu simabdi di taluntik abdi hoyong di pasihan terang... data eta boh nami jalmi, buku, tempat jeng rea-rea deui...
