Haturan Kang Jahanaka oge Mh, Saperkawis, si kuring perlu ngabageakeun (deui) ka Kang Jahanaka. Ieu dulur urang teh satemenna wargi lawas di ieu milist. Anapon anu pangkompetenna ngawanohkeun leuwih jauh ngeunaan kang Jahanaka taya lian ti Kang Dudi anu di ayeuna nuju ngumbara di Samarinda. Jalaran, nyakitu, kahijina, kang Jahanaka teh arang langka mucunghul di milist. Kaduana, dina ngarongheapna oge eta geuningan basana sok migunakeun basa anu aheng. Katiluna, si kuring kungsi tepang di darat sareng anjeunna, nya ditepangkeun ku Kang Dudi tea. Kaopatna, cenah, saur Kang Dudi, kang Jahanaka teh neuleuman salah sahini bagean tina elmu ksundaan. Mangga atuh dihaturana geura mesek tutungkusan, ieu di milist tangtu seueur anu nganti-nganti.
Cag heula, ampun paralun, bagilirna waktu danget ieu keur si kuring sakitu rupa nepi ka ukur sanggup saminggu sakali ngalongokan milist. Neda tawakufna wae ka sadayana. baktosna, manar On Thu, Jan 22, 2009 at 7:30 PM, mh <[email protected]> wrote: > Tina 43 kecap postingan di handap, berekah uing ukur wanoh ukur 4 kecap. > Diantarana: rahulan, raka, pati, jeung wurukan. Hartina ngan ukur 9%-na. > Kitu ge tacan tangtu deuih makna nu dimaksud ku uing sarua atawa > henteu jeung nu dimaksud ku nu nulis. > > Kang Jahanaka, cing surahan naon eta teh pihartieunana? > > salam, > mh > > > On Fri, Jan 23, 2009 at 11:16 AM, JAHANAKA GHOIMATUL QUBRO > <[email protected] <jahanaka%40yahoo.com.sg>> wrote: > > PANYUWUHAN GARIYA > > > > Panyuwuhan rahulan wangsiya, > > sajayan gurugun ungga sanggiya, > > mahwan wawuna jangga jahwana, > > wangsa ka raka layana dahiya, > > ludaya dayan sambiyuhan waskiya , > > pati patiyan pansana wasiya, > > cangkrawiran wurukan wakiya, > > ka wadanan wahahariwa dawadan gariya, > > ungsawan wahi lawadan pancriya, > > karsada hatayan tumiya hawiya. > > > > *** jahanaka **** > >
