Haaarrr berarti teu apal oge naon kopi tubruk dina basa sunda? Heheh.....

Wah kopi tos dicampur2 kitu mah asa kirang manteppp bah
Komo ti sidikalang mah, paling2 daun ganja hahah.... Meureuuunnn :D

Ayeuna mah rada ngurangan bah, kadang henteu pisan sakali ge sapoe teh, soalna 
tos mulai sok maag ayeuna mah

Mun datang karuhun weh nu sok ujug2 hayang kopi hideung ku ci ngagolak teh 
hehehe....


Sent from MobilePhone®

-----Original Message-----
From: mh <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 20 Jul 2010 06:44:09 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: Re: [kisunda] Re: Wilujeng miara careuh jeung melak kopi

hahaha, ah eta mah heureuy we, tong teuing jadi pikiran.
uing kaasup nu resep ngaregot kopi, paling henteu sapoe dua kali tah
ngaregot cai kiruh ku gogodoh teh.
sainget nu kungsi kaalaman, nu nepi ka kiwari masih asa napel dina
elak-elakan, asana kopi sidikalang edun pisan.
cenah mah ceuk beja eta kopi teh aya campuran bahan sejen.

2010/7/20 JB <[email protected]>

>
>
> nyaeta tadi teh milarian padanan kata kopi tubruk dina basa sunda, teu
> kapendak (baca: teu apal :D)
> nyaaa tungtungna mah kopi tubruk weh nu dialungkeun, da rarasaan tos jadi
> basa nu umum.
> kitu bah
>
> sugan atuh eta abah, apal teu naon basa sunda na kopi tubruk?
> kopi dadakan? ah da asa jarang nguping eta mah heheh
>
>
> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...>
> wrote:
> >
> > walah eta kopi tubruk, kumaha ngaregotna, ditubruk heula kitu.
> >
> >
> > 2010/7/20 JB <jungkir_balik2...@...>
>
> >
> > >
> > >
> > > kuring resep kopi, tapi teu nyandu
> > > sakapendak weh, mun keur hayang nyaa ngopi
> > > mun ci enteh mah sok sayagi terus, komo ci enteh nu seungit malati
> > >
> > > jadina teh, asa kumahaaaaa kitu mun nginum kopi nu mangratus rebu,
> boro2 nu
> > > ratusan rebu, dalah nu puluhan oge asa lebar... da ngeunah keneh kopi
> > > tubruk, komo mun anyar ngagiling kopi na teh....
> > >
> > > tapi da ari masalah selera mah ning masalah subyektif, komo mun geus
> > > dikaitkeun jeung gengsi mah, ning aya kafe nu ngajual kopi nepi ka
> 60-70rb
> > > nu biasa... asa kurang asup kana akal... :D
> > > sapuluh kilo eun beas eung
> > >
> > > heuheuheu...
> > >
> > >
> > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com> <kisunda%
> 40yahoogroups.com>, oman
>
> > > abdurahman <omanarah@> wrote:
> > > >
> > > > Dina jero sababaraha poe akhir2 ieu MUI (Majlis Ulama Indonesia),
> lian ti
> > > > disibukkeun ku pasoalan jeung DPR RI dina masalah ONH anu teu daek
> > > patotos,
> > > > oge rada diririweuh (atawa ngaririweuh maneh?) ku soal haram/halalna
> kopi
> > > > luwak. Ti heula kungsi dipadungdengkeun soal kopi anu dipulung tina
> > > kotoran
> > > > careuh ieu di milist ieu dina postingan anu dimimitian ku kang
> Jungkir
> > > > Balik...eh ...ku Mh ketang, Eta geuning, harga kopi luwk teh nepi ka
> > > > ngahontal 1 jt sakilona anu garing mah.
> > > >
> > > > Harga kopi luwak memang fantastis atawa teu kira-kira. Sakilo kopi
> luwak
> > > > atah anu karek nyat pisan dikumpulkeun tina, punten, sakumpulan podol
> > > careuh
> > > > henteu kurang ti rp 350.000. Laju, lamun geus diproses kari nutuan,
> > > hargana
> > > > naek jadi rp 700.000/kg, nepi ka lamun geus tingal ninyuh hargana di
> > > > produsen nerekel deui jadi antara rp 900.000,- nepi ka rp 1 jt
> sakilona.
> > > Di
> > > > luar nagreg...eh ...negeri, harga ieu kopi leuwih gelo deui. Kopi
> luwak
> > > anu
> > > > geus ditinyuh dina gelas, kari ngaregot, hargana ngahontal $ 100
> atawa 1
> > > jt
> > > > sagelasna. Nyaan, hiji lahan bisnis anu mokaha. Eta teh kusabab
> rasana
> > > > cenah. Teu aya kopi anu pedona nandingan kopi luwak.
> > > >
> > > > Mireungeuh hargana jeung kusabab proses ngumpulkeunana anu kudu
> > > ngaliwatan
> > > > beuteung jeung, punten deui, liang tai careuh, MUI ngarasa perlu
> > > ngaluarkeun
> > > > fatwa ngeunaan halal atawa haram hukum kopi luwak Hasilna?
> Alhamdulillah,
> > > > tadi dina TV geus diwartakeun pamadegan MUI yen kopi luwak henteu
> haram
> > > > lamun diberesihan heula. Maksudna diberesihan teh nyaeta diberesihan
> > > nalika
> > > > karek dicokot tina kokotor careuh (Nya tangtu wae, piraku teu
> diberesihan
> > > > heula. Moal kapake ku konsumen padu wae mah atuh :) ). Alesanana,
> sabab
> > > > proses dina beuteung careuh teh, cenah, eta proses fermentasi. Oge
> siki
> > > kopi
> > > > anu kaluar tina bujur careuh teh teu cecel bocel alias mulus (henteu
> > > > bareulah anu bisa pacampur jeung kotoran sejenna ti sang careuh).
> > > >
> > > > Kusabab geus jelas ieu kaputusan MUI, kabayang saruka bungahna anu
> geus
> > > > nyarobat jeung careuh atawa miara careuh produsen bahan atahan kopi
> > > luwak.
> > > > Tadi wae dina salah sahiji siaran TV, nalika keur ngawartakeun fatwa
> kopi
> > > > luwak MUI, tembong aya sababaraha careuh piaraan keur diparaban ku
> kopi
> > > atah
> > > > (kopi anu masih aya keneh kulitna) ku nu bogana. Ieu careuh-careuh
> anu
> > > > bijaksana teh teu hawek. Anu dihakan ku maranehna ukur daging kulit
> kopi
> > > > atawa bagian pang luarna tina buah kopi. Anapon siki kopina anu di
> jerona
> > > > engkena aya bubuk kopian tea, disimpen dina beuteung maranehna jero
> sapoe
> > > > dua poe. Para ahli nyebut eta proses nyimpen siki kopi sacara naluri
> sang
> > > > careuh teh ku babasan "fermentasi". Isuk-isuk, nalika careuh geus
> rengse
> > > > modol sakumaha biasana, nu bogana sibuk mulungan siki kopi bahan kopi
> > > luwak
> > > > tea tina antara - punten deui wae - podol careuh.
> > > >
> > > > Kusabab produksina saperti ditataan di luhur, nya henteu bisa loba
> > > > persediaan kopi luwak teh. Ceuk dina beja TV deui, di dunya teh
> > > persediaan
> > > > kopi luwak ukur aya 500 kiloan. Lebah dieu aya hiji patarosan: Naha
> > > > teknologi kopi luwak ieu teh ngan ukur dipikabisa ku bangsa urang?
> Lamun
> > > > enya teh...kudu aya anu buru-buru ngurus hak paten para careuh...eh
> anu
> > > > mimiti manggihan teknik nyieun kopi luwak yeh, bisi kaburu direbut ku
> > > batur,
> > > > upamana, ku Malaysia (hehehe, hampura eung, Malay). Sanggeus
> matenkeun
> > > > teknologina, laju teknik budaya careuh kudu jadi kaparigelan.
> Sanggeus
> > > kitu,
> > > > nya ngebon kopi sing lega, tiap kebon di lengkepan ku hiji dua
> kandang
> > > > careuh jeung careuh piaraanana, "mesin hirup" kopi luwak tea. Geus
> kitu
> > > mah
> > > > dijamin geura, kopi pang pedona sadunya teh jadi...murah hehehe.
> > > >
> > > > Wilujeng miara careuh sareng melak kopi.
> > > >
> > > > manar
> > > >
> > >
> > >
> > >
> >
>
>  
>

Kirim email ke