upami nengetan paguneman tukang kopi, kopi sidikalang kaasup kopi hade. di
dinya memang loba kebon kopi. cek loka www.kopisidikalang.com (nu tagline-na
'kopi sidikalang, kopi terbaik indonesia') mah jenisna teh robusta. tempatna
mun teu salah di sumatera utara.

sedengkeun kopi nu campur ganja biasana mah produk jieunan urang aceh. alah
asa kungsi aya babaturan milis nu nulis ngeunaan tempat meuli kopi aceh
campur ganja ieu. malah aran warung jeung cara meulina ge ngaberele jentre.
hanjakal, poho deui alamat url-na.

ngomongkeun kopi, kamari kuring maca koran. salasahiji kopi panghadena di
dunya ti indonesia teh kopi jawa. basa jawa masih keneh aya dina gegeman
walanda, kopina jadi andelan ekspor. masih emut meureun kana dongeng cultur
stelsel, tanam paksa tea? pan salahsahiji tangkal nu wajib pelak teh kopi.
di daerah sumedang cek beja mah rea kebon kopi hasil tanam paksa.

nu nyieun hade kopi jawa teh cenah alatan taneuh jawa nu subur sabab rea
gunung seuneuan. sangking kawentarna kopi jawa harita, loba nonih walanda nu
dumuk di amsterdam, roterdam atawa eindhoven nu boga angen-angen datang ka
batavia heuseus keur nyeuseup cikopi jawa. malah saurna mah, di jaman
kiwari, raksasa software internet nu boga lambang cangkir ngebul 'java' tea
ge kaismean ku terkenalna kopi jawa.

ngan hanjakal, kopi jawa geus jarang. rea kebon kopi nu alih fungsi. kiwari
aya sababara urang nu hayang ngahudangkeun deui romantisme kopi jawa eta.
mun teu salah inget, tempat keur melak kopi jawana teh di daerah lembang,
bandung.

salian kopi jawa jeung sidikalang, indonesia ge kawentar ku kopi hade
lianna. contona kopi toraja, gayo, jeung mandailing. ngan hanjakal kopi
premium ti indonesia ieu nasibna jiga teh premium, dijualna husus keur ka
luar nagri.

2010/7/20 JeBe <[email protected]>

>
>
> Haaarrr berarti teu apal oge naon kopi tubruk dina basa sunda? Heheh.....
>
> Wah kopi tos dicampur2 kitu mah asa kirang manteppp bah
> Komo ti sidikalang mah, paling2 daun ganja hahah.... Meureuuunnn :D
>
> Ayeuna mah rada ngurangan bah, kadang henteu pisan sakali ge sapoe teh,
> soalna tos mulai sok maag ayeuna mah
>
> Mun datang karuhun weh nu sok ujug2 hayang kopi hideung ku ci ngagolak teh
> hehehe....
>
> Sent from MobilePhone®
> ------------------------------
> *From: * mh <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Tue, 20 Jul 2010 06:44:09 -0700
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Re: [kisunda] Re: Wilujeng miara careuh jeung melak kopi
>
>
>
> hahaha, ah eta mah heureuy we, tong teuing jadi pikiran.
> uing kaasup nu resep ngaregot kopi, paling henteu sapoe dua kali tah
> ngaregot cai kiruh ku gogodoh teh.
> sainget nu kungsi kaalaman, nu nepi ka kiwari masih asa napel dina
> elak-elakan, asana kopi sidikalang edun pisan.
> cenah mah ceuk beja eta kopi teh aya campuran bahan sejen.
>
> 2010/7/20 JB <[email protected]>
>
>>
>>
>> nyaeta tadi teh milarian padanan kata kopi tubruk dina basa sunda, teu
>> kapendak (baca: teu apal :D)
>> nyaaa tungtungna mah kopi tubruk weh nu dialungkeun, da rarasaan tos jadi
>> basa nu umum.
>> kitu bah
>>
>> sugan atuh eta abah, apal teu naon basa sunda na kopi tubruk?
>> kopi dadakan? ah da asa jarang nguping eta mah heheh
>>
>>
>> --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, mh <khs...@...>
>> wrote:
>> >
>> > walah eta kopi tubruk, kumaha ngaregotna, ditubruk heula kitu.
>> >
>> >
>>
> _
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke