nambihan info pangalaman di lembur singkur, wanayasa-purwakarta inget basa baheula taun 80-an basa kuring keur SD keneh keur jenat nini masih jumeneng, biasana sok rajin ngadamelan kueh2 heubeul bin jadul teh, biasana pas bade lebaran, sarupaning kueh: tengteng, noga (karesep kuring pisan, kadang2 mah mun si nini meleng sok ngahuapkeun bari mantuan teh hehe...), kueh jahe (tina tipung oge, dioven, sagede2 ramo nu dikeureut gigirna sakedik, pas asak teh bentukna jiga jahe, rasana oge rada2 lada sakedik da nganggo rempah2). gemblong di wanayasa mah sok disebut gegetas tapi tina ketan, jarang nu tina sampeu mah, oge rangginang. nyaaa ari rangginang mah masih diproduksi ning di mana2 oge, ngan nu tara manggih deui teh tengteng (nu asli) sareng noga suuk pleus gula beureum alias gula kawung asli di wanayasa mah. ayeuna2 weh susah milarian gula beureum kawung nu asli teh, nu ngalayah mah gula jawa/gula kalapa. jajanan lainna, samisal dodongkal (awug) kadang2 masih sok aya. bandros oge masih keneh sok katingali nu ngider.
--- In [email protected], oman abdurahman <omana...@...> wrote: > > Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda. > > Kueh balok anu kahot ayeuna tos mimiti dipidangkeun oge di restoran badag > atawa salah sahiji menu panutup acara tuang di hotel-hotel gede. Di RM > Bancakan, upamana, urang tiasa mesen ti anu dagangna anu ngajagrag jero eta > restoran. > > Kota anu mashur ku (kueh) banros (atawa: bandros) nyaeta Sukabumi (Smi). Di > Sukabumi, sabaraha tukang banros jadi langganan masyarakat atawa anu > nganjang ka eta kota (anu geus apal, tangtuna oge). Upamana wae, tukang > bandros anu aya di jalan Wastukancana, Smi. Di bandung banros ilaharna > dijual ku cara diiderkeun. Tukang banros di Bandung - anu kapanggih ku > sorangan - umumna asal ti Garut. Kade ulah hilap, kueh banros aya dua rupa: > anu amis (teu make kalapa), jeung anu asin (bahan kalapa rada loba). Parudan > kalapa nambah nyari katempona lamun tembong di beulah hareup kueh banros anu > karek nyat dijait tina citakanana. Lamun tos antel kana letah, karaos > ngageregel dibarung ku hipu lebah tipungna. Pedo pisan, komo haneut keneh > dituang bari di luar hujan ngaririncik. > > Kueh Robur enya eta, sabangsa roti tea. Ayeuna mah geus rada arang kakuping > aya anu ngider dagang kueh Robur teh. Beda jeung Odading. Di Bandung masih > mindeng anu ngajualan Odading bari ngider ti buruan ka buruan sajaba ti > Odading anu didagangkeun matuh di warung-warung atawa sababaraha kantin. > Aya anu matak dedengeeun ti tukang dagang Odading ngider teh, nyaeta > gorowok-nawarkeunana: "Oooo-dading!!!" ("ngucapkeun "o"-na teh dipanjangkeun > laju dipungkas ku kecap "dading" sacara singget, meh wae teu kakuping). > > Memang, aya sababaraha kueh Sunda (baheula) anu ayeuna ampir tara kapanggih > deui atawa masih aya, ngan geus rada langka. Upamana wae: Japilus, Kolontong > ("Kolontong" kueh ieu mah. lain "kolontong" barang), Sagon, Adas (anu ieu > asana masih mindeng manggung ), Dampit, Caketra, Tengteng, Cuhcur, jjrd. > Bisa oge Noga kaasup kueh heubeul sok sanajan jaman ayeuna masih loba anu > ngajarualan. Lamun nguping "noga" sok ras inget barudak ayeuna anu > hawar-hawar mindeng nyebut "noga", tapi lain kueh, balikta "Nobunoga", tokoh > hiji pilem Jepang. > > Kueh Gemblong, warisan kueh baheula oge, anu ayeuna rame deui didagangkeun. > Anu mindeng kapanggih, tukang keuh Gemblon di wewengkon Cipanas nepi ka > Bogor, oge di sakapeung di jalan tol deukeut gerbang tol. Nanawarkeun > daganganana teh ka anu tarumpak mobil lamun mobilna keur eureun di lampu > stopan atawa kapegat macet, atawa kusabab rek mayar karcis tol. > > Cag heula...(sabab di luar hawar-hawar aya anu ngagorowok:"Oooo....:) ). > > manar > > > > 2010/7/16 Tito Suryana <ti...@...> > > > > > > >  > > kueh robur teh sok disebut kueh jibeuh (hiji seubeuh), mun beus harita > > jurasan bandung - majalaya... > > ================================ > > > > TITO SURYANA - AR SURABAYA > > DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II > > TLP. 031 5350510 > > FLEXI. 031 70951507 > > HP. 08123548519 > > ---------------------------------------------------------- > > > > ----- Original Message ----- > > *From:* Eman Suherman <emankutam...@...> > > *To:* [email protected] > > *Sent:* Thursday, July 15, 2010 7:30 PM > > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan > > > > > > > > Ari kueh robur aya nu inget kitu, asana populer di Bandung taun 60 atawa > > 70? Eta ngaran robur teh sarua jeung ngaran beus penumpang umum di Bandung > > anu aya zaman harita, bejana eta beus teh sumbangan ti Rusia. > > > > --- Pada *Kam, 15/7/10, Surtiwa <surt...@...>* menulis: > > > > > > Dari: Surtiwa <surt...@...> > > Judul: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan > > Kepada: [email protected] > > Tanggal: Kamis, 15 Juli, 2010, 6:49 AM > > > > > > > > Kue balok teh parantos sohor ti taun 1950 an..ngarendeng sareng banros > > kalapa (tipung beas) sareng banros moderen (sami adonan sareng Kueh > > balok). harita taun 1951-1956) top na teh eta kueh Balok dibeuleum > > satengah mateng..asak diluar dijerona eta adonan maih keneh > > buciay....kueh anu garingna dicoelkeun kanu > > buciayna..asyik...nikmat.... > > > > On 7/14/10, roro rohmah > > <roro_roh...@...<http://mc/compose?to=roro_rohmah%40yahoo.com>> > > wrote: > > > Kutan? Eta teh kueh tradisional? Keâ¦ke⦠asa sok ningali ieu kueh di > > > pertiluan (pertigaan) wewengkon Sayati Kopo. > > > > > > Ngadadasarna teh sonten kinten-kinten tabuh genepan. Pami kaparengan > > > ngalangkung rada wengi sok dirariung kunu ngaropi. Basa nembe ningali mah > > > mesem we, aneh tudaâ¦.dipanaskeun ku kompor ti handap jaba dituruban ti > > luhur > > > kunu pasagi burahay (sihoreng anglo namina). Pami ningali tina wangun > > kueh > > > mah sigana teu patos tebih rasana siga kueh pancong nya? Jibeuh, da seret > > > dina tikorrow kedah diâsurungkeunâ ku cikopi/ ci nteh⦠nya panginten > > janten > > > wareg oge. > > > > > > Tacan kantos ngaraosan, ke ah iraha-iraha bade nyobianâ¦. > > > ro2 > > > > > > --- On Wed, 14/7/10, Tito Suryana > > > <ti...@...<http://mc/compose?to=titot%40telkom.co.id>> > > wrote: > > > > > > > > > From: Tito Suryana <ti...@...<http://mc/compose?to=titot%40telkom.co.id> > > > > > > Subject: Re: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan > > > To: > > > [email protected]<http://mc/compose?to=urangsunda%40yahoogroups.com> > > > Date: Wednesday, 14 July, 2010, 1:23 PM > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > >  > > > aya kueh balok aya kueh kenong ..basa jaman keur SMP ka SMA di gg masjid > > > cicadas unggal poe sok cindekul di tukang kueh eta ti dur magrib nepi ka > > jam > > > 9 peuting, mun nu dagang mah nepi ka subuh dagangna. waas mun ngobrol teh > > > bari cacamuilan dahar kueh kenong dibarengan tukang beca, tukang copet, > > > preman....duh waas pisan euy..... > > > ============ ========= ========= == > > > TITO SURYANA - AR SURABAYA > > > DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II > > > TLP. 031 5350510 > > > FLEXI. 031 70951507 > > > HP. 08123548519 > > > ------------ --------- --------- --------- --------- --------- - > > > > > > ----- Original Message ----- > > > From: nurul wachdiyyah > > > To: urangsu...@yahoogro ups.com > > > Cc: sunda > > > Sent: Monday, July 12, 2010 9:49 AM > > > Subject: [Urang Sunda] Kue Legendaris dari Tatar Parahyangan > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > ============================================== > > Flexi Irit Mingguan: > > > > Flexi Irit Mingguan, Pulsa Rp 500.000 cuma bayar Rp 5.000, buat nelpon FLEXI > > Lokal & SLJJ 01017 seminggu. Ketik 5000 kirim ke 123. Flexi Lebih Irit Kan ! > > > > Flexi Chatting: > > > > Buat yg suka Chatting, dapatkan HP Chatting mulai dari Rp 260rb bisa YM, > > GTalk, Flexi Messenger sepuasnya Rp 2.000/Mg & akses Facebook/Twitter > > masing2 Rp 1.000/Mg > > ============================================== > > This Email Has been Scanned by Anti Virus > > ============================================== > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
