Tuh geuning nya, ku cara ngaguar kueh, jul-jol informasi sejenna ngeunaan unak-anik ngaran kue di Sunda. Kuring oge karek apal, geuning di Sunda aya anu disebut kue Gegetas anu bahanna tina ketan (tangtu wae ditambah gula, gula bureum pantesna teh).
Nguping "Wanayasa", inget ka parapatan jalan ka Wanayasa-Sagalaherang, hareupeun masjid Sagalaherang, sisis jalan dina sasaungan basajan, geus maneuh nu dagang katuangan anu bahanna tina ketan oge. Urang dinya nyebut eta kadaharan teh "setan" singgetan tina "sate ketan". Sabenerna "setan" dua jenis kadaharan anu dituang bareng. Anu kahiji, beuleum ketan; anu hiji deui sate (sate biasa, daging sapi atawa daging domba). Jadi, nuang "setan" teh eta nuang ketan beuleum direncangan ku sate. Ngan edas wae eta singgetan ngaranna, "setan", aya ku lahuta. Jadi, biasana jelema anu jadi korban setan, ari di Sagalaherang mah "setan" anu dituang ku jelema. manar 2010/7/21 Dikdik <[email protected]> > > > nambihan info pangalaman di lembur singkur, wanayasa-purwakarta > inget basa baheula taun 80-an basa kuring keur SD keneh > keur jenat nini masih jumeneng, biasana sok rajin ngadamelan kueh2 heubeul > bin jadul teh, biasana pas bade lebaran, sarupaning kueh: tengteng, noga > (karesep kuring pisan, kadang2 mah mun si nini meleng sok ngahuapkeun bari > mantuan teh hehe...), kueh jahe (tina tipung oge, dioven, sagede2 ramo nu > dikeureut gigirna sakedik, pas asak teh bentukna jiga jahe, rasana oge rada2 > lada sakedik da nganggo rempah2). > gemblong di wanayasa mah sok disebut gegetas tapi tina ketan, jarang nu > tina sampeu mah, oge rangginang. > nyaaa ari rangginang mah masih diproduksi ning di mana2 oge, ngan nu tara > manggih deui teh tengteng (nu asli) sareng noga suuk pleus gula beureum > alias gula kawung asli di wanayasa mah. ayeuna2 weh susah milarian gula > beureum kawung nu asli teh, nu ngalayah mah gula jawa/gula kalapa. > jajanan lainna, samisal dodongkal (awug) kadang2 masih sok aya. bandros oge > masih keneh sok katingali nu ngider. > > > --- In [email protected] <kisunda%40yahoogroups.com>, oman > abdurahman <omana...@...> wrote: > > > > Neruskeun unak-anik kukuehan di Sunda. > > > > Kueh balok anu kahot ayeuna tos mimiti dipidangkeun oge di restoran badag > > atawa salah sahiji menu panutup acara tuang di hotel-hotel gede. Di RM > > Bancakan, upamana, urang tiasa mesen ti anu dagangna anu ngajagrag jero > eta > > restoran. > > > > > > manar > > > > > > > > 2010/7/16 Tito Suryana <ti...@...> > > > > > > > > > > >  > > > > kueh robur teh sok disebut kueh jibeuh (hiji seubeuh), mun beus harita > > > jurasan bandung - majalaya... > > > ================================ > > > > > > TITO SURYANA - AR SURABAYA > > > DIVISI BUSINESS SERVICE REGIONAL II > > > TLP. 031 5350510 > > > FLEXI. 031 70951507 > > > HP. 08123548519 > > > ---------------------------------------------------------- > > > > >
