sondaica/sondaicus teh leres tina sunda, mung saurna sanes sunda nu nujul ka
etnis tapi ka wilayah geografi: jawa, sumatera, jeung kalimantan. tempat
hirup eta sato. leres kirang pas upama 'pantera tigris sondaica'
ditarjamahkeun jadi harimau jawa, atawa rhinoceros sondaicus ditarjamahkeun
badak jawa. ngan mun dadasar ngaganti jawa eta jadi sunda didadasaran sabab
etnis ge asa kurang pas. kirang pas kango dianggo kampanye kabudayaan etnis
sunda.

upami dadali dikurungan elang jawa mah, kuring asa teu acan nimu dasarna.
manuk dadali dina salasahiji tayangan di tipi mah sajenis jeung manuk piit.
sedengkeun mun dina laguna sambas mangundikarta mah nujul ka manuk galudra.
memang galudra sok disurup-surup jeung heulang jawa eta. ngan hanjakalna
garuda mah made in india, salasahiji mangkeluk mitologi, kandaraan wisnu.
jadi jajauheun mun garuda teh heulang jawa... haha

2010/7/27 JeBe <[email protected]>

>
>
> Muhun, kang zen nu sumanget maparkeun masalah syiah. Teu ngaitkeun ka kang
> jalal na postingan kamari mah.
>
> Perkawis eta badak disebut badak jawa, panginten sabab eta badak
> "linggihna" (hehe) di pulo jawa, da teu disebatkeun badak jawa tengah/timur
> ning hehe..
>
> Sent from MobilePhone®
> ------------------------------
> *From: * Tirta widjaja <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 26 Jul 2010 20:24:50 -0700 (PDT)
> *To: *<[email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *Sondaica teh Sunda Re: [kisunda] konfirmasi kukumplitan
>
>
>
> Ohhh nuhun, eta mah recycle tapi asana up to date wae nya. Masalash Syi'ah
> mah kang Zen nya? aya patalina sareng kang Jalal kitu?
>
> Ari masalah sunda mah wah nu simpel we urang lempengkeun jenengan sasatoan:
> 1. badak cula hiji biasakeun disebut badak sunda lain badak jawa kapan
> ditulisnage Sundaica lain Javaica;
> 2. maung lodaya (harimau jawa)
> 3. dadali (elang jawa)
> Bae lah nya siga nu ngewa ka Jawa padahal mah kecap ilmiah jadi kecap
> publik/media.
>
> salam,
> tirta
>
> *~ experientia docet sapientiam ~*
>
> ___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke