Lamun geografis sanes etnis alesanana mah nya gentos deui Jawa (bagean) Barat 
ku 
tatar sunda atawa pasundan! Klop tah....ngan moal dianggap meni Sunda sentris 
kitu?

Eta palebah manuk jadi kaweur yeuh nu mana dadali, mana galudra, mana 
heulang....

 ~ experientia docet sapientiam ~




________________________________
From: Dudi Herlianto <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Tuesday, July 27, 2010 12:06:18
Subject: Re: Sondaica teh Sunda Re: [kisunda] konfirmasi kukumplitan

  
sondaica/sondaicus teh leres tina sunda, mung saurna sanes sunda nu nujul ka 
etnis tapi ka wilayah geografi: jawa, sumatera, jeung kalimantan. tempat hirup 
eta sato. leres kirang pas upama 'pantera tigris sondaica' ditarjamahkeun jadi 
harimau jawa, atawa rhinoceros sondaicus ditarjamahkeun badak jawa. ngan mun 
dadasar ngaganti jawa eta jadi sunda didadasaran sabab etnis ge asa kurang pas. 
kirang pas kango dianggo kampanye kabudayaan etnis sunda.

upami dadali dikurungan elang jawa mah, kuring asa teu acan nimu dasarna. manuk 
dadali dina salasahiji tayangan di tipi mah sajenis jeung manuk piit. 
sedengkeun 
mun dina laguna sambas mangundikarta mah nujul ka manuk galudra. memang galudra 
sok disurup-surup jeung heulang jawa eta. ngan hanjakalna garuda mah made in 
india, salasahiji mangkeluk mitologi, kandaraan wisnu. jadi jajauheun mun 
garuda 
teh heulang jawa... haha



2010/7/27 JeBe <jungkir_balik2002@ yahoo.com>

  
>Muhun, kang zen nu sumanget maparkeun masalah syiah. Teu ngaitkeun ka kang 
>jalal 
>na postingan kamari mah.
>
>Perkawis eta badak disebut badak jawa, panginten sabab eta badak "linggihna" 
>(hehe) di pulo jawa, da teu disebatkeun badak jawa tengah/timur ning hehe.. 
>
>Sent from MobilePhone®
________________________________

>From:  Tirta widjaja <tirt...@yahoo. com> 
>Sender:  kisu...@yahoogroups .com 
>Date: Mon, 26 Jul 2010 20:24:50 -0700 (PDT)
>To: <kisu...@yahoogroups .com>
>ReplyTo:  kisu...@yahoogroups .com 
>Subject: Sondaica teh Sunda Re: [kisunda] konfirmasi kukumplitan
>
>  
>Ohhh nuhun, eta mah recycle tapi asana up to date wae nya. Masalash Syi'ah mah 
>kang Zen nya? aya patalina sareng kang Jalal kitu?
>
>Ari masalah sunda mah wah nu simpel we urang lempengkeun jenengan sasatoan:
>1. badak cula hiji biasakeun disebut badak  sunda lain badak jawa kapan 
>ditulisnage Sundaica lain Javaica;
>2. maung lodaya (harimau jawa)
>3. dadali (elang jawa)
>Bae lah nya siga nu ngewa ka Jawa padahal mah kecap ilmiah jadi kecap 
>publik/media.
>
>salam,
>tirta
>
> ~ experientia docet sapientiam ~
>
>
>___


-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

 

Kirim email ke