Leres pisan kitu nun. Kaleresan abdi teh kantos meser 2 buku ngunaan Batavia. Kamari teh ngotektak milarian salasawios anu juilidna oranyeu diantawis 2 buku kasebat. Maksadna mah hoyong niron data statsitik padumuk Jakarta anu saurna mah kantos didominasi ku urang Sunda (langkung ti 60%) dina taun 60-an kanggo dilebetkeun kana wikipedia basa Indonesia.
Buku nu jilidna oranyeu teu kapendak. Nu kapendak teh buku nu hijina deui nyaeta buku kempelan esai nu judulna "Jakarta Batavia, Esai Sosio-Kultural" suntingan Kees Grijns dareng Peter J. M. Nas. Dina buku eta aya esai "Batavia yang tidak sehat dan kemerosotan VOC padaabad ke delapan belas" karyana Peter H. Van der Brug anu nyabit-nyabit reungit sundaicus hususna dina kaca 61 kalayan sub judul "Batavia tidak sehat karena peningkatan tajam nyamuk sundaicus. Dina kaca 61 diserat: Nyamuk yang menjadikan Batavia tidak sehat bisa dipastikan termasuk dalam spesies Anopheles Sundaicus. Ini bisa disimpulkan dari fakta bahwa ketidaksehatan Batavia sesudah 1773 terbatas hanya pada kawasan sepanjang pantai. Bagian utara kota - terdekat dengan pantai - adalah yang paling tidak sehat, bagian selatan ........... (teu diteraskeun cape nyeratna, he he he ). --- On Tue, 7/27/10, oman abdurahman <[email protected]> wrote: From: oman abdurahman <[email protected]> Subject: Re: Sondaica teh Sunda Re: [kisunda] konfirmasi kukumplitan To: [email protected] Date: Tuesday, July 27, 2010, 4:45 AM Reungit Anopheles sundaicus teh ceuk beja endemis di Tatar Sunda, di daerah pakidulam Sukabumi. Tapi, naha nya tiasa nyebarkeun malaria di Batawi nya?. Ngeunaan ngaran ilmiahna teu aya patula-patalina jeung penangkaran. Tapi, pakait jeung asal mula atawa asal-muasal eta species dibere ngaran anu ieu hak mere ngaran teh prioritasna ka anu ngawitan nerbitkeun publikasi ilmiahna. Maksudna, lamun sakali hiji species geus diaranan ku hiji aran ilmiah, upamana, Rhinocerus sondaicus, sok sanajan sagolongan katurunana dijurukeun di Jawa atawa di Amerika, atawa di kebon binatang, ari tina species anu sarua mah tetep wae ngaranna Rhinocerus sondaicus. manar 2010/7/27 Aschev Schuraschev <ascheve...@yahoo. com> Reungit nu nyebarkeun malaria di Batavia mangsa jaman VOC disebat Anopheles Sundaicus. Seueur urang Walanda sareng para budak beulian janten korban malaria nu ditularkeun ku eta reungit dugi ka maotna. Margi reungit eta harita teh aya di wewengkon Sunda (Batavia harita teh bagian ti Sunda) nya reungit eta teh diaranan Anopheles Sundaicus. Kiwari katalungtik gening Anopheles Sundaicus teh sumebar sarta ngabalukarkeun malaria di Asia (henteu Sundaland hungkul). Tapi eta reungit ngaranna tetep Sundaicus sanes Asiacus. :) Jigana hal ieu patali sareng sajarah asal mulana eta reungit katimu. Kedahna badak nu cicing di Sunda hungkul (teu kapendak di Jateng sareng Jatim) nya dingaranan rhinoceros sondaicus. Upami nagnggo pendekatan (naon tah basa Sundana?) sajarah asal mulana, sanaos eta badak ditangkarkan (teu terang basa Sundana) di kebon binatang Jateng atanapi Jatim, henteu kedah disebat rhinoceros javaicus. Recent Activity: New Members 6 New Files 2 Visit Your Group MARKETPLACE Stay on top of your group activity without leaving the page you're on - Get the Yahoo! Toolbar now. Get great advice about dogs and cats. Visit the Dog & Cat Answers Center. Hobbies & Activities Zone: Find others who share your passions! Explore new interests. Switch to: Text-Only, Daily Digest • Unsubscribe • Terms of Use .
