Enggalna Wiku Drona tos diangkat jadi Guru Nagara di Astina. Arjuna nyungkeun 
Resi
Drona sumpah moal masihan elmu ka salian ti Putra Pangagung Astina; tapi Resi
Drona teu kersaeun, mung ajeunna nedunan yen moal masihan elmuna salian ti ka
Para Raja, atanapi kulawarga Raja.
Akibat ieu sumpah teh keuna ka Karna sareng Ekalaya. Karna akhirna guguru ka
Parasurama (ngaku brahmana nepi ka disupata ku Parasurama); Karna sumpah bakal
ngelehkeun murid Utama Drona.

Saterasna Pancala dirurug ku Putra Astina ( Pandawa/Kurawa ); Gandamana tiwas
ku Bhima; Drupada ditawan ku Arjuna. Ampir ditelasan ku Resi Drona, mung 
diwagel ku
Arjuna. Saterasna Drupada nyungkelit ati ka Drona, palay males pati.

Nya akhirna Wiku Drona jadi Guru ampir sadaya Satriya waktu harita. Tah anu
ngiring Bharata Yudha, rata2 mah murid2 Wiku Drona. Nu mawi nu matak, disebat
tukang ngadu domba. Kitu cek shahibul hikayat.

Tancep kayon




      

Kirim email ke