batara kresna kumaha ? 2010/7/27 Abbas Amin <[email protected]>
> > > Enggalna Wiku Drona tos diangkat jadi Guru Nagara di Astina. Arjuna > nyungkeun Resi > Drona sumpah moal masihan elmu ka salian ti Putra Pangagung Astina; tapi > Resi > Drona teu kersaeun, mung ajeunna nedunan yen moal masihan elmuna salian ti > ka > Para Raja, atanapi kulawarga Raja. > Akibat ieu sumpah teh keuna ka Karna sareng Ekalaya. Karna akhirna guguru > ka > Parasurama (ngaku brahmana nepi ka disupata ku Parasurama); Karna sumpah > bakal > ngelehkeun murid Utama Drona. > > Saterasna Pancala dirurug ku Putra Astina ( Pandawa/Kurawa ); Gandamana > tiwas > ku Bhima; Drupada ditawan ku Arjuna. Ampir ditelasan ku Resi Drona, mung > diwagel ku > Arjuna. Saterasna Drupada nyungkelit ati ka Drona, palay males pati. > > Nya akhirna Wiku Drona jadi Guru ampir sadaya Satriya waktu harita. Tah anu > ngiring Bharata Yudha, rata2 mah murid2 Wiku Drona. Nu mawi nu matak, > disebat > tukang ngadu domba. Kitu cek shahibul hikayat. > > Tancep kayon > > > >
