Aduh kang Abbas tutup lawang sigotaka lalakon Bambang Kobayana na, teu aya
antosaneun deui.

Teu dugi ka perlayana kombayana, janten panasaran 

 

Baktos 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Wednesday, July 28, 2010 6:22 AM
To: kisunda; urangsunda
Cc: [email protected]; [email protected]
Subject: [kisunda] Bambang Kombayana - ka 21 Tamat

 

  


Enggalna Wiku Drona tos diangkat jadi Guru Nagara di Astina. Arjuna
nyungkeun Resi
Drona sumpah moal masihan elmu ka salian ti Putra Pangagung Astina; tapi
Resi
Drona teu kersaeun, mung ajeunna nedunan yen moal masihan elmuna salian ti
ka
Para Raja, atanapi kulawarga Raja.
Akibat ieu sumpah teh keuna ka Karna sareng Ekalaya. Karna akhirna guguru ka
Parasurama (ngaku brahmana nepi ka disupata ku Parasurama); Karna sumpah
bakal
ngelehkeun murid Utama Drona.

Saterasna Pancala dirurug ku Putra Astina ( Pandawa/Kurawa ); Gandamana
tiwas
ku Bhima; Drupada ditawan ku Arjuna. Ampir ditelasan ku Resi Drona, mung
diwagel ku
Arjuna. Saterasna Drupada nyungkelit ati ka Drona, palay males pati.

Nya akhirna Wiku Drona jadi Guru ampir sadaya Satriya waktu harita. Tah anu
ngiring Bharata Yudha, rata2 mah murid2 Wiku Drona. Nu mawi nu matak,
disebat
tukang ngadu domba. Kitu cek shahibul hikayat.

Tancep kayon

 



Kirim email ke