Tah Kang Oman, Kang Jalak oge baraya sanesna kumaha? Aya rencana Halal bi Halal
Mangga dipadungdengkeun 2010/7/30 Gunawan Yusuf <[email protected]> > > > Baraya, aya rencana Halal Bi Halal moal ? > > 2010/7/30 Abbas Amin <[email protected]> > > >> >> Bismillah, >> Assalamu'alaikum warahmaatullahi wabarakaatuh, >> >> Alhamdulillah, >> Para wargi sadaya Muslimin Wal Muslimat, khususna US nu mangkuk di >> sababaraha >> Milis, ayeuna dinten Jumaah, dinten nu istimewa, ku margi aya hiji shalat >> nya eta >> dhuhur teu dilakukeun, ku margi tos digentos ku Jumaahan. Tah di na shalat >> Jumaahan >> ieu sok aya khutbahna; cenah saur ambu abdi sok khotbah; padahal mah tara; >> tah >> ayeuna mah ngahajakeun we khokhotbahan, manawi aya oge mangfaatna. >> >> Ti bareto keneh, urang Sunda mah kacida toleransina ka nu nyaremah teh, >> utamana >> nu bari mamawa "agama"; model Hindu, Budha; eeeh teu weleh dihiap hiap. >> someah >> hade kasemah tea. Tapi eta US ti bareto tara pisan robah agamana teh, >> masing >> kasumpingan ku Raja2 Hindu tawa Budha tetep we Agama Sunda; Sunan Ambu. >> >> Tapi saparantol jol agama anyar, nya eta Islam nu dicandak ku para >> padagang ti >> tatar Hindu, nya eta Agama teh ditampi pisan, dugi ka tiasa ngagentos >> anutan ka >> Sunan Ambu; padahal Urang Sunda mah rada hese dirobahna ti na >> kayakinananana >> teh; tapi duka kumaha Islam mah ditampi sapertos Agama nu tos lami aya di >> tanah Pasundan pisan. >> >> Atuh da meureun loba kasaruanana jeung cukup logis deuih, utamana di na >> nerangkeun >> ka saha kudu MIGUSTI; Islam mah gamblang pisan. Atuh do'ana ngaharib harib >> ka na >> Basa Subda saperti : Robbanaa laa tuzigh kulubana, badaiz hadaitanaa jst. >> Cek urang Sunda : Tah ieu sanguna, tah itu deungeunna, lalabna jeung >> sapuratina. >> Tuh pan ngaharib harib tah. >> >> Pangpanga nu ditawarkeun ku Islam teh nya eta KONSEP; sanes tokoh; kapan >> konsep mah keur saha wae, bebas. Nu matak di Tatar Sunda Agama Islam >> ditarima kalawan >> daria, malah ngelehkeun agama atawa ageman asal. >> >> Nya tapi masih loba keneh urang Sunda nu teu daek asup Islam; teu ari nepi >> ka KTP >> mah, da di na KTP mah tetep ngakuna Islam; padahal mah henteu. >> Mlah aya nu masih wani keneh ngaheureuykeun tanda2 Islam; misalna ka na >> do'ana; >> bedugna, atawa Kyayina. >> >> Saperti nyebut allahu bapa, misalna di Mangunreja masih aya nu wani >> ngageuhgeuykeun kitu. Mun ditanya; bapa kuring nyarita teu meunang nyebut >> ngaran ka Bapa mah cenah. >> (Kabeneran ngaran bapana Ki Akbar ). >> >> Aya deui nu pupujian make lagu sakola agama : >> Kini kini kuang kuang, ngala getok peupeundeuyan, >> nini palay tuang, dibekok peupeureudeuyan. >> >> Tapi akhirna nu di Mangunreja utamana kotana, geus lalesot tina sunda >> wiwitan, >> tapi ari langgeorna lain ka Islam tapi MARXIS. >> Nu matak di Mangunreja kota mah loba PKI na; nu sok ngamusuh ka urang >> Kauman. >> Model kuring. Lolobana Mangunreja Kota mun teu PNI, nya PKI anutna teh; >> tapi ari >> NU jeung Masyummi mah lakuna di Kampung2; jadi saenyana mah Islam teh >> memang >> geus lengket pisan jeung Urang Sunda teh, ari di kotana mah kurang >> pangaruhna. >> >> Ngan aya nganna. Ari di lembur mah, masih keneh loba nu taklid buta tea; >> ari di kota >> mah rada make OTAK saeutik, teu taklid buta teuing. >> Tah mun ayeuna nyosialisasikeun agama sunda ka lembur; wah dianggap aneh; >> bakal >> dianggap agama datang timana cenah ? Da maranehna mah nganggap yen Islam >> teh >> geus ti baheula mula aya di Pasundan na teh ? Moal aya atawa kurang nu >> mikir yen >> baheula mah Sunda teh Pajajaran. Malah teu inget2 acan. >> Jadi Urang Sunda jeung Agama Islam teh geus pagaliwota ngahiji. Geus hese >> dipisahkeun >> deui. >> >> Jadi memag akhirna mah Islam teh geus ditarima ku MAYORITAS Urang Sunda >> sabage >> agama KARUHUN/ Luluhur. Salian ti eta bakal dianggap agama anyar/semah. >> >> Eta fakta2 nu kaciri ku Kaula. Tah duka panginten upami ayeuna titingalan >> sanesna mah. >> Mangga nyanggakeun ka Kang Maman sareng nu sanesna. >> >> >> Abbas Amien >> Sent From My Blik papan >> >> > >
