Tah, bari mapay-mapay jalan anu ditataan ku Bah Willy, sakalian ngaderes lalakon Sangkuriang ku cara nitenan alam sabudeureunana. Komo lamun dibarengan ku anu rada taram-taram kana geologi mah, dongeng Sangkuriang teh diadumaniskeun jeung dongeng geologi (kaparengkeun nurub cupu pisan). Kang T. Bachtiar anu tos ngamimitan nga-running-keun wisata alam model kitu teh. Kelompokna kawilang akif, maneuh unggal bulan ngayakeun perjalanan wisata-ilmiah di sabudeureun Bandung (geo-track).
manar 2010/8/3 Waluya <[email protected]> > > > > mh <khs...@...> wrote: > > Senin, 23/02/2009 08:59 WIB > > Caringin Tilu, Tempat Eksotis di Bandung Timur > > *Rivki* - detikBandung > > Eta mah atuh tonggoheun lembur kuring atuh. Baheula mah kuring sering > leumpang ka Caringin Tilu ari poe minggu. Harita mah tempatna sepi keneh, > teu aya nu dagang. Inuman oge kudu mawa ti imah. Nu paling sering mah basa > kuring keur nyieun tugas akhir ( taun 1979), lamun pikiran geus buntu > mikiran tugas akhir, kuring biasana ti imah pun Ua di Padasuka sok > ngagiridig leumpang ka tonggoh ka Caringin tilu. Ngabangbrangkeun nempo > pamandangan kota bandung nu dilingkung ku gunung. Mun geus kitu, otak teh > sok asa seger deui. > > Pangakhirna kuring kadinya genep taun katukang, biasa lempang jeung > pamajikan. Keur urang Padasuka jeung sabudureunana mah teu lucu ka Caringin > Tilu kudu make kendaraan (mobil atawa motor) sanajan jalanna nanjak jeung > mani netek pisan. Lumayan mani ngos-ngosan. Geus kitu mah kuring tara > kadinya deui, sanajan ari leuleumpangan ka Cimenyan, kampung samemeh > Caringin Tilu, sering tepi ka ayeuna oge. Cenah ayeuna mah Caringin Tilu teh > rame pisan kunu ulin jeung dagang. Jelema kadinya oge loba nu teu leumpang > deui, tapi make motor jeung mobil. > > Keur nu hayang ka Caringin Tilu jeung acan terang jalanna, tuju we jalan > Padasuka tempat Saung Angklung Mang Ujo. Terus we kakaler, engke manggihan > lembur Cimanyan, naek deui kaluhur bras weh ka Caringin Tilu. Lamun hayang > neruskeun deui, jalan ieu bakal nembus ka Maribaya Lembang. Make kendaraan > oge bisa, ngan hadena mah leumpang ...hehehe, bari ngawawaas baheula kumaha > tukang peuyeum ti Cimenyan nanggung peuyeum jualeun di Kota Bandung atawa > engkena dijieun COLENAK BANDUNG (COLENAK MURDI DI CIDURIAN) nu kasohor tea > .... > > Baktos, > WALUYA > > >
