hatur nuhun, karakter dipati karna sami sareng kumbakarna (raina Rahwana),
ngabela pingpinan anu salah tapi anjeuna (karna/kombakarna) mung
ngajalankeun tugas bela nagara, presiden 1 soekarno (soe-karna) direname
jalaran gering wae tina ngaran koesno

2010/8/5 Abbas Amin <[email protected]>

>
>
> Sang Basukarna tos lega mamanahan, enggalna anjeunna bade lugay ti na
> sanggar pamujaan; barang bade ngalengkah; kabujeng ngajanggelek deui
> Ingkang Rama Bhatara Surya. Enggal Basukarna ngahaturkeun sembah:"
> Duuuh Rama Pukulun, pasti aya hal penting nu mawi ayeuna lungsur deui,
> aya naon Rama Dewa Gung ?"
>
> Bhatara Surya ngandika:"Karna, hidep mangka waspada sakedap deui Bhatara
> Indra bakal sumping ka ieu sanggar rek nemonan sampeyan."
>
> Bingah amarwata suta, risang Karna bingahna kagiri giri:"Rama Pukulun,
> duuuh
> aya ku bagja temenan Putra didongkapan ku Dewa Indra; padahal mun
> menekung tea mah, can tangtos Batara Indra kersa sumping ka Putra."
>
> "Hehehehe, Karna , mangka waspada eta Dewa Indra datangna ka hidep teh,
> rek nipu ka hidep, manehanana sieuneun Putrana kalah ku sampeyan."
>
> "Saha kitu Rama Pukulun, Putra Dewa Indra teh ?"
>
> "Arjuna !"
>
> Leng leng, ramyaning kang sasangka..............kaget manahna Karna Raja
> Angga,
> ku teu sangka yen Arjuna teh Putrana Bhatara Indra. Lain aing wungkul
> geuning
> anak Dewa teh, ana kitu mah can puguh aing meunang lawan si Arjuna? Kitu
> manahna Sang Basukarna.
>
> "Karna, eta Dewa Indra bakal datang mangrupa Brahmana, engke bakal mundut
> OTO sareng anting2 sampeyan nu dibawa waktu sampeyan gubrag ka dunya.
> Hidep kapan sok jangji naon wae lamun nu menta Brahmana, bakal dibikeun,
> lantaran sampeyan rumasa salah ka Parasurama. Tah Nya Dewa Indra bakal
> sumping kadieu ngarupakeun Brahmana."
>
> "Duuuh Rama Pukulun, bagja temenan Rama tos ngawartosan ka Putra; tapi
> upami
> leres anjeunna mangrupa Brahmana, nyuhunkeun Oto sareng Anting2 kapaksa
> bakal dipasrahkeun, lantaran eta jangji Kaula."
>
> "Emh tuhu pisan sampeyan ka na Jangji, Karna. Atuh kieu bae; menta
> tukeuranana
> ku senjata nu Istimewa; lantaran Dewa Indra mah loba senjatana nu maratih."
>
> "Nuhun Rama Pukulun."
>
> Saparantos ngawejang Putrana, enggal bae Bhatara Surya ngiles deui.
>
> Teu kantos lama, ti katebihan katingal aya Brahmana nu rupina mah nyaketan
> bade
> ka Sanggarna Raja Angga. Enggal bae Karna ngamanggakeun ka eta semah
> Brahmana tea.
>
> Saparantos silih masihan salam, eggal Karna nyarios:"Oh Bapa Resi, nu ti
> mana
> sampeyan ? Aya naon permaksudan Wiku ka ieu tempat ?"
>
> "Oh Kaula maha, jauh ti dieu, Kaula ngahaja kadieu lantaran aya hawar2
> warta,
> cenah Karna mah mun dipentaan ku Brahmana, naon wae pasti dibikeunna; jadi
> ayeuna Kaula kadieu teh rek ngabuktikeun eta "Gossip" atawa "kabar angin"
> tea, naha bener atawa digegedekeun wae ?"
>
> "Hehehehe, eladalah, Brahmana sampeyan rek menta naon ka Kaula !?"
>
> "Basukarna, Raja Awangga, Kaula rek menta Oto jeung angting2 nu dipake
> ku sampeyan, naha rek dibikeun ?"
>
> "Duuuh Dewa, Kaula apal, yen sampeyan teh Bhatara Indra ti Kaindran,
> sampeyan
> sumping ka ieu pertempatan bakal ngabantu, Putra sampeyan Arjuna sanes ?
> Tong boro2 menta Oto, sanajan nyawa Kaula moal dikoretkeun."
>
> Leng leng ramyaningkang sasangka.............kalintang isinna Bhtara Indra,
> ku
> waleran Karna kitu, enggal basa basi ngupahan salira, ku nyarios:" Karna,
> bisi
> sampeyan can apal, moal aya senjata nu bisa nembus kulit sampeyan, lantaran
> sampeyan make Oto, ditambah anting2 eta. Jdi meureun perang antara Satriya
> teh atuh moal saimbang lantaran sampeyan moal aya nu bisa ngelehkeun, ku
> sabab kitu, Kaula menta ihlasna sampeyan; lantaran lamun smpeyan teu ihlas
> eta OTO jeung anting2 moal bisa dirorod ku Kaula."
>
> "Mangga teh teuing Pukulun Dewa Indra; Kaula pasrah; tapi Kaula hayang
> panukeur ti sampeyan, hiji senjata nu bisa ngamusnahkeun musuh nu kumaha
> bae oge."
>
> "Nya teu naon2 Kaula bakal masihan senjata nu Sakti."
>
> Enggalna wae Bhatara Indra tos ngarorod OTO sareng anting2 nu dianggo ku
> Karna;
> atuh kalintang nyerina Karna, dugi ka sababaraha kali kapiuhan, lantaran
> OTO
> sareng Anting2 tos awor ngahiji sareng Kulit Karna. Nyata Karna Satriya
> sajati,
> masing leres sababaraha kali kapidara, tapi Karna teu aya sugan nyorowok
> nyeri
> atawa gegerewekan. Estu Satriya Sajati, nu kalintang tabahna.
>
> Saparantos beres, enggalna Dewa Indra masihan Senjata Sakti, mirupa tumbak,
> nu tiasa lebet ka na jero pananngan Karna, dijampean tiasa kaluar kanggo
> dilempagkeun, namina KONTA.
>
> Masing nyeri oge, Karna bingah galih, lantaran tos pasti anjeunna bakal
> meunang
> perang lawan Arjuna, ku nganggo eta senjata KONTA.
>
> Enggalna Dewa Indra tos ngaleungit. Teras Dewa Surya ngajanggelek deui.
> Teras ngajiad ka Karna, sadaya nyeri sirna sapada harita.
>
> "Aduh enyaan Karna, hidep Satriya Utama, Kaula reueus ku diri sampeyan,
> Karna."
>
> Karna kalintang bingahna, margi tos teu aya karaos nyeri deui, anjeunna PD
> pisan,
> yen pasti bakal iasa nelasan Atrjuna.
>
> NB. Kanggo Kang Gunawan Jusuf, tah carios Konta ti Bhatara Narada mah,
> FIKTIF,
> atanapi VERSI JOYOBOYO/JOWO. Ari versi India mah nya ieu kasanggakeun
> diluhur.
>
> HANCA
>
>  
>

Kirim email ke