Oh kitu . Hatur nuhun bah Abbas Amien. tetep diantos lalakon terasanana
From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Abbas Sent: Monday, August 09, 2010 10:36 AM To: [email protected] Subject: [kisunda] Re: Samemeh Bharatayudha 11 - Soal KONTA ?? Th ieu Versi aslina India; sanes versi Abbas Amien Versi Jabang Tutuka, eta mah fiktif; karangan Jawa asli. --- In [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> , "Ii Sumirat" <sumi...@...> wrote: > > Bah abbas perkawis carita konta sikuring kenging dongeng kieu : > > Konta teh diturunkeun ti dewa kulantaran harita jabang Tutuka lahir tapi > tali ari ari na ieu orok teu bisa di teukteuk ku pakarang naon wae, nya > akhirna meredih ka dewa, dewa nurunkeun konta mung dewa salah mikeun. Eta > konta niatna rek di dibikeun ka Arjuna tapi malahan ka Karna da rupana > sarua. Akhirna Arjuna ngarebut eta senjata konta ti Karna, ngadu jajaten > ngan sarua imbang cenah, kacaritakeun Arjuna bisa nyekel konta ti Karna, > palebah sarangkana sedengkeun karna perahna terus pagunyeng gunyeng, bari > luncat terus lumpat ngabelesat Arjuna bisa ngarebut konta (rarasaanana) > padahal ukur sarangkana wungkul. > > Harita arjuna teu balik deui tapi tali ari ari eta Jabang Tutuka akhirna > diteukteuk ku sarangka konta, barang diteukteukeun eta sarangka terus ngiles > asup kana jasad eta orok.. > > Kulantaran carita ieu oge anu akhirna cenah Gatot Gaca (jabang tutuka geus > gede) boga kalemahan, akhirna bisa perlayana ku pakarang konta anu masih aya > keneh di Karna. > > Tah ieu versina bah Abbas Amin. > > > > Baktos > > Ii Sumirat > > > > From: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> [mailto:[email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> ] On Behalf Of > Gunawan Yusuf > Sent: Friday, August 06, 2010 8:30 AM > To: [email protected] <mailto:kisunda%40yahoogroups.com> > Subject: Re: [kisunda] Samemeh Bharatayudha 11 - Soal KONTA Kang Gunawan > Jusuf M > > > > > > hatur nuhun, karakter dipati karna sami sareng kumbakarna (raina Rahwana), > ngabela pingpinan anu salah tapi anjeuna (karna/kombakarna) mung > ngajalankeun tugas bela nagara, presiden 1 soekarno (soe-karna) direname > jalaran gering wae tina ngaran koesno > > 2010/8/5 Abbas Amin <abas_ami...@...> > > > > > > Saparantos beres, enggalna Dewa Indra masihan Senjata Sakti, mirupa tumbak, > nu tiasa lebet ka na jero pananngan Karna, dijampean tiasa kaluar kanggo > dilempagkeun, namina KONTA. > > Masing nyeri oge, Karna bingah galih, lantaran tos pasti anjeunna bakal > meunang > perang lawan Arjuna, ku nganggo eta senjata KONTA. > > Enggalna Dewa Indra tos ngaleungit. Teras Dewa Surya ngajanggelek deui. > Teras ngajiad ka Karna, sadaya nyeri sirna sapada harita. > > "Aduh enyaan Karna, hidep Satriya Utama, Kaula reueus ku diri sampeyan, > Karna." > > Karna kalintang bingahna, margi tos teu aya karaos nyeri deui, anjeunna PD > pisan, > yen pasti bakal iasa nelasan Atrjuna. > > NB. Kanggo Kang Gunawan Jusuf, tah carios Konta ti Bhatara Narada mah, > FIKTIF, > atanapi VERSI JOYOBOYO/JOWO. Ari versi India mah nya ieu kasanggakeun > diluhur. > > HANCA >
